WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Geus Waktuna Masarakat Cerdas, Kitu nu Jadi Harepan Kadés Cibogohilir Pléréd

Geus Waktuna Masarakat Cerdas, Kitu nu Jadi Harepan Kades Cibogohilir PLÉRÉD - Grup Majalah Warta Sunda,- DÉSA Cibogohilir, n...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Carpon : BELUT SILUMAN


BELUT SILUMAN

ku: Agus Mulyana

Sisinarieun peuting téh karasana haneuteun. Bulan mabra nyaangan lembur. Angin ngahiliwir mawa hawa haneut kana awak. Tangkal caringin di tungtung lembur, nu biasana geueuman, ayeuna katempo hégar semu marahmay.

Jam satengah satu peuting, mulang ngobor belut ti sawah Citamiang, laju mapay susukan nepi ka Pasircaringin. Leumpang senang, kawantu beubeunangan mucekil. Émbér palastik wadah belut, méh satengahna kaeusi. Taksiran, moal kurang ti 3 kilo beubeunangan belut peuting ayeuna. 

Indit bada magrib, mapay sawah meunang nganglér tukangeun imah. Parat nepi ka sawah Citamiang, nu sohor loba belutna.

Keur indit mah teu karasa capé, katungkulkeun ku rasa resep loba belut kalaluar tina liangna. Ngan, ayeuna mangsana mulang karasa seunggah. Ti Pasircaringin ka imah téh moal kurang ti 7 kilométer. Jaba jalanna nanjak. Ari rék mapay deui galengan rada nguriling. Antukna milih jalan désa nu motong ka lembur.

Keur jongjon leumpang, kadéngé sora motor tukangeun. Reg, ngarandeg heula. Susuganan wawuh jeung nyorangan, rék milu balik. Geus deukeut, tétéla nyorangan. Singhoréng Kang Uho, tatangga lembur nu kakara mulang kuli ti Bandung.

(Aya terasanana)

Subscribe to receive free email updates:

1 Response to "Carpon : BELUT SILUMAN"

Unknown mengatakan...

Panasaran caritana nyambung

Posting Komentar