WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bewara Hasil Kejuaraan Binojakrama Padalangan Tingkat Jawa Barat di Stadion Pakansari Kabupaten Bogor

Bewara Hasil Kejuaraan Binojakrama Padalangan Tingkat Jawa Barat di Stadion Pakansari Kabupaten Bogor, Jumaah, 13 Juni 2025.   Hasil kapin...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

BARIS

Jama'ah berjamaah di masjid. (tina internet).*

K

u ayana sasalad, MUI nyarankeun supaya samentara mah masjid-masjid teu ngayakeun solat berjamaah ogé teu ngayakeun acara-acara anu ngumpulkeun jalma réa. Aya nu ngagugu loba ogé nu merekedeweng, keun wéh da masing-masing boga dalil ulah jadi pacéngkadan. 

Ayeuna mah geus new normal cenah, meunang berjamaah deui ngan kudu ngalarapkeun protokol kaséhatan. 

 Masjid di lembur gé geus muka deui, apal sotéh pédah tadi beurang panggih jeung Kang Ustad ketua DKM.

 "Jang, naha tadi subuh teu berjamaah di masjid?"

"Éh naha parantos tiasa berjamaah deui, Kang?"

"Apanan geus new normal, Menteri gé geus ngidinan."

"Oh kitu, abdi nembé terang ayeuna. Kumaha tadi subuh seueur jamaahna?"

"Lumayan ayeuna mah jadi tilu baris!"

"Alhamdulillah atuh, kujalanna aya sasalad seueur jalmi anu tarobat teras berjamaah di masjid, nya Kang?"

"Enya barisna mah nambahan, ari jelemana mah angger éta-éta kénéh apanan kudu jaga jarak!"

 

#carlit Ade Daryana


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "BARIS"

Posting Komentar