WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bupati Purwakarta : Saepul Bahri Binzein di Kritik ku Verrel Bramasta Soal Pendidikan Berkarakter di Barak Militer

Bupati Purwakarta : Saepul Bahri Binzein di Kritik ku Verrel Bramasta Soal Pendidikan Berkarakter di Barak Militer "Kuring geus lalajo ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Saurang Balita Positif Covid-19 di Purwakarta Dinyatakeun Damang


PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,
B
alita nu yuswana tilu satengah taun ti Kecamatan Kiarapedes, Purwakarta nu saméméhna keuna Positif Covid-19, poé kamari, Ahad 12 April 2020 dinyatakeun damang.

Kitu ditepikeun ku Perwakilan Gugus Tugas Percepatan Penanggulangan Covid-19 Kabupatén Purwakarta dr. Elitasari Kusuma Wardani, tina sambutan tertulisna, Ahad (12/4/2020).

Nurutkeun anjeuna, yén di Kabupatén Purwakarta ayeuna nyesakeun 4 urang nu terkonfirmasi positif sarta masih dina perawatan tim medis. Samemehna nu positif jumlahna kana 5 urang.

"Sedengkeun, keur ODP nepika poé ayeuna kacatet 168 urang, jadi aya kanaékan. PDP masih tetep 19 urang, tilar dunya, nihil," pokna Elitasari.

Uar pangajakna sangkan sakabéh lapisan masarakat kudu tetep optimis dina nyanghareupan wabah pandemik global ieu. Pasalna, tepika ayeuna Purwakarta masih dinyatakeun relatif aman, kulantaran can lebet zona merah ponn kitu deui wilayah transmisi lokal penyebaran virus corona.


"Sajumlah léngkah-léngkah keur ngaantisipasi terus dilakukeun ku jajaran Pemkab Purwakarta ngalewatan Gugus Tugas Covid-19, diantarana, Dinas Kesehatan tetep ngalakukeun rapid test (pemeriksaan) sarta tracing (pelacakan) pikeun nu kontak jeung PDP," pokna.

Lian ti éta ogé, tina sisi pencegahan nu sipatna kewilayahan, pokna anjeuna yén penertiban tina ruas jalan Jalan Veteran, Jalan Jenderal Sudirman jeung Jalan Ipik Gandamanah ku Satpol PP sarta Dinas Perhubungan tur instansi terkait lainna masih tetep dilakukeun.

"Inyana ogé, ngahimbau pikeun warga tetep ngalakukeun jaga jarak (physical distancing) kudu tetep aman jeung terhindar penularan Covid-19," pokna Elitasari. (*)


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Saurang Balita Positif Covid-19 di Purwakarta Dinyatakeun Damang"

Posting Komentar