RUSIAH TÉRONG KUDA DI SMPN 4 DARANGDAN
Térong kuda cenah ngaranna ieu tangkal téh. Duka naonana nu siga kuda. Nu pasti, ieu térong téh kakara umur sabulan. Dipelak dina pot hareupeun kelas ngajalajar aya 103 tangkal.
Keur leutikna mah ieu térong tacan sagedé kieu. Ngan, bakat ku sering digelendut unggal-unggal tas nyiram, ayeuna morontod ngagedéan.
Bu Hj. Éha (guru PPKn) sok sawan geureuh mun nempo ieu térong. Sigana waé katajieun ku nu siga kudana, nyaéta daunna, nu gomplok kawas daun bako Tanjungsari.***
Guru-guru SMPN 4 Darangdan
0 Response to "RUSIAH TÉRONG KUDA DI SMPN 4 DARANGDAN"
Posting Komentar