Turuwiseun
Budak cikal téh tara taang-toong, tapi pas asup bangku kuliah panonna nu minus luhur kalah tingjarendil. Indungna gé pernah sih turuwiseun modél kitu, tah mun éta mah kasusna émang alatan ngintip nu titik titik. Tara lila, paling semet dua tilu minggu. Cageur kalayan suksés.
Heup ah tong ngabahas masa lalu .
Ieu mah ngobrolkeun budak wéh. Dikomprés ku cai haneut, dikomprés ku téh celup. Ka dokter mata tilu balénan. Diagnosa mah mirip jarawat.
Pikeun kulit sénsitip, kokotor dina mata pipilueun ngendap caricing. Obat nu diinum, salep nu diolés diwuwuhan ku tétés mata.
Ngan pérén saseméster panon budak angger wéh kitu. Keur mah kacamata kandel, ditambah turuwiseun. Mani watir nempona. Jaba apan aya niat dilasik ogé minusna. Sarat utama, ulah aya bangsaning turuwiseun , atawa kasakit mata séjénna. Kudu kaayaan stabil , bal bil bul pokona.
"Mamah, nyuhunkeun dibedah wé atuh ka dokterna. Réréncangan seueur nu sami kasusna."
"Nya kumaha dokter waé, hayu ayeuna ka Cicendo deui. "
Pesen nomer mah ti Saptu mula. Kabagéan nomer 95. Jam satengah sabelas kudu geus antri ceuk SMS Center.
Jam sapuluh kana motor. Budak nu ngaboncéng. Poho, apan Ema mah teu bisaeun. Lamun mulang panon budak geus ditindak, meureun kudu nitah batur mawana. Dipariksa sagala wéh. Sapuk aya bedah leutik. Ngaranna gé bedah, najan leutik angger wéh nyeri. Si Tétéh kaciri sepa, solat lohorna rada lila.
Itu-ieu, jam satengah tilu asup ruang tindakan.
"Ulah geumpeur, apan améh teu cindileun deui. Améh bisa maké mascara."
Geus saparapat jam, budak can ka luar. Mugia lungsur langsar. Dungakeun nyaaaa.***
Ku Lely Mulyawati
0 Response to "Turuwiseun"
Posting Komentar