45 Désa di Karawang Diistrénan ku Bupati Karawang
Katerangan Poto :
Bupati Karawang, dr. Cellica Nurrachadiana ngistrenan 45 Kadés Pinilih di buruan komplek Perkantoran Pemda Kabupaten Karawang, pada Jumat (20/3/2020).
KARAWANG – Warta Sunda Onliné,
O
|
PAT PULUH LIMA Kepala Désa periode 2020 - 2026 di Kabupatén Karawang poé isuk
tadi diistrenan ku Bupati Karawang, dr. Cellica Nurrachadiana di buruan komplek
Perkantoran Pemda Kabupaten Karawang, pada Jumat (20/3/2020).
Dina hal ieu mah acarana
langsung dipingpin ku Bupati Karawang dr. Cellica Nurrachadiana nu dihadiran Wakil
Bupati Karawang H. Ahmad Zamaksyari, unsur Forkopimda, Ketua Pengadilan Negeri
Karawang, Ketua DPRD Kabupaten Karawang, Kepala Kejari Karawang, wawakil Kapolres
Karawang, wawakil ti Dandim Karawang, para Kepala Désa, sarta tamu ondangan
lainna.
Dina biantaran Bupati Karawang
dr. Cellica Nurrachadiana nepikeun yén ka sakabéh Kepala Désa nu parantos
diistrénan éta, sangkan ngalaksanakan tugasna nu hadé, salaku aparatur daérah
bisa jadi abdi negara, babakti ka masarakat. Lian ti éta, kepala désa, kudu tuhu
ka Pancasila jeung UUD 1945, sarta tanggung jawab salaku pupuhu dina tugasna.
Lian ti kitu, saur Cellica dina
acara istrénan 45 urang kepala désa nu lumangsung di lapangan terbuka ieu téh, pikeun
ngainimalisir penyebaran virus Corona.
”Virus Corona tong dianggap
enteng kulantaran ieu virus anu bahaya, malah mandar acara istrénan ieu téh tempatna
ngahaja cararaang,” pokna Cellica.
Virus Corona ieu ogé tong
dianggap enteng, kulantaran bisa menyebar ku cara interaksi atawa tina
paantelna kulit, papada manusa. Ku kitun Karawang. ”komo aya dina Pengawasan”
(ODP) jeung ”Pasienna ogé dina Pengawasan” (PDP) makin mahabu, nilik tina aya sababaraha
kasus virus Corona disebabkeun ku datangna ti luar negeri ogé lobana tenaga
kerja asing nu ngadon digarawé di Karawang.
Lain halna ceuk Kepala Désa pinilih,
Désa Payingkiran Kecamatan Rawamerta Kabupatén Karawang M. Kusnaédi, Inyana
ngeceskeun Warta Sunda Onliné, “Alhamulillah, ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka para
tokoh masarakat, para pemuda katut warga masarakat nu parantos mercantenkeun sim
kuring pikeun mupuhuan lemburna dina ngolah nagri.”
Ari ceuk Kepala Désa pinilih,
Désa Gombongsari Kecamatan Rawamerta Kabupatén Karawang, Warjo ngaidemkeun
ungkara Kusnaédi, malihan inyana hoyong ngawangun Désa Gombongari pikeun leuwih
ngaronjat deui. Dina hal ieu mah, inyana mitembeyan ngawangun jalan poros nu
katunda jala nu ngahubungkeun antara Dusun Gombongsari ka Dusun Rawasari sarta
jalan nu ngahubugkeun antara Dusun Gardujaya jeung Dusun Sukamaju jarak sesana
ngan ukur 700 métér deui.
Lian ti éta, inyana
silaturahmi ka masarkat sarta ngawangun sarana infrastruktur saperti halna milu
aub mager-mager sakola ti mimiti tingkat Paud sareng SD.
Sedengkeun saur Kepala Désa Cibadak Kecamatan Rawamerta Kabupatén Karawang, H. Acum. Inyana ogé sarua waé jeung kepala désa nu lainna ngahaminan. Malah anjeunna neda pidua'ana sangkan dina mupuhuan téh dipasihan kalancaran.
Nurutkeun data nu dikumpulkeun
ku Warta Sunda Onliné, yén Tina 13 désa nu aya di Kecamatan Rawamerta, opat
désa éta, nu geus galaksanakeun pemilihan diantrana Désa Purwamekar,
Panyingkiran, Cibadak sarta Désa Gombong Sari. Kitu ditetelakeun ku Tim
Monitoring Pilkadés Kabupatén Karawang Drs. Acep Karimullah.***
0 Response to "45 Désa di Karawang Diistrénan ku Bupati Karawang"
Posting Komentar