WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bewara Hasil Kejuaraan Binojakrama Padalangan Tingkat Jawa Barat di Stadion Pakansari Kabupaten Bogor

Bewara Hasil Kejuaraan Binojakrama Padalangan Tingkat Jawa Barat di Stadion Pakansari Kabupaten Bogor, Jumaah, 13 Juni 2025.   Hasil kapin...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Plesiran : Ngablu deg-degan ka Situ Gunung



Sabulan leuwih ngaréncanakeun piknik antar tatangga téh. Arang miluan da sok tara diijinan. Ngan kusabab kapeto nyadiaan transportasi, ahirna jadi milu jeung bapana. Budak bungsu ogé diajak. 

Ti méméhna geus asa-asa, apan usum pagebug. Ngan Mang RT salaku ketua panitia ngeukeuhan kudu jadi. Nu daptar geus crung-créng malayar. Muji sakituna mah. Teuneung ludeung sanajan postingan virus corona tingtorojol nyingsieunan. Ping 15 Maret, sapoé saacan béwara wajib cicing di imah salila dua minggu, pasukan nu rék ulin geus anjeucleu dina beus jam genep isuk-isuk. Reugreug nambahan da Ustad Wahyu kalih bojo ogé kabitaeun ngiring.

Dina beus ngadunga heula. Tawasulan di jalan. Asa keur perjalanan rék umroh daaa.
Nepi ka Sukabumi jam sapuluh. Tina beus naék kana angkot. Nepi ka lawang, leumpang muru tempat pintonan seni. Aya nu matak hélok, aya lalaki nu diukna ngapung. Duka maké trik duka sakti. Basa dipoto bareng, budak bungsu panasaran, cos bujur nu ngapung ditojos. Molotot meueusan. Ék nyarékan budak téh kagok meureun da aya emana, heuheu.


Ti dinya ngabring deui muru jambatan nu cenah pangpanjangna sa-Asia Tenggara. Ngemplad jeung eundeuk-eundeukan. Ka handap matak lewang. Nu borangan milih jejeritan histeris. Jadi wéh beuki ramé antara ngocéak jeung seuseurian baluas.

Lumayan panjang lalakon leumpang ti sasak gantung  nepi ka curug Sawér. Komo awak size XXL mah suku téh asa bareuh  Di dinya kasampak loba wisatawan lokal, ngupyak babaseuhan marandi. Popotoan bari suka seuri. Pohoeun sigana yén kaayaan di nagara urang téh keur loba kahariwang.

Mulang jam opat, nyimpang di pabrik moci Kaswari. Bisa ngasaan sawaregna ari teu éra mah. Varian moci beuki rupa-rupa matak kabita ngaborong kabéh rasa. Sadus lima puluh rébu. Untung mawa ATM leumpang, kuring nu paciweuh ngasupkeun moci. Beliou anu mayar. Bari rada ngaharéwos, "Kunaon sih sok ngamangpaatkeun situasi kieu? Sagala dicandak. Apan moci mah ukur dua poé bates kadaluwarsa."

Ukur nyengir bari ngajingjing balanjaan. Teu hariwang da taya nu teu beuki kana ketan buleud camohok ieu mah.
Datang ka imah jam salapan peuting. Alhamdulillah nepi ka ayeuna kabéh séhat. Ngan teu bisa ka mamana. Ngopi moci wéh.***

Laporan ku Lely Mulyawati

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Plesiran : Ngablu deg-degan ka Situ Gunung"

Posting Komentar