Siswa Belajar di Imah Guru jeung Kepala Sekolah keur Pencegahan Virus Corona.
Katerangan Poto :
Kepala SMPN 1 Sukatani dibantu ku wartawan keur nyicikeun bahan pencegahan Virus Corona (18/3/2020).*
Sukatani - Warta Sunda Onliné,
Guru jeung Kepala Sekolah dina piket di sakola ngayakeun pencegahan virus Corona. Cara nyemprotkeun mung saukur bahan nu aya keur di sabudeureun urang. Kitu ceuk Kepala SMPN 1 Sukatani, Sukiman, S.Pd., M.Pd ka Warta Sunda Onliné dirohangan gawéna poé Rebo, (18/03/2020).
Inyana ngarojong pisan program pamaréntah pusat jeung daérah. Malah mandar, dirina sareng juru atik nu piket téh babarengan pikeun nyegah mahabuna virus éta tong nepika sabudereun lingkungan sakolana.
Lain halna ceuk Ii Tajudin (guru PAI Jeung Penjas) nuju piket, témbong dina gambar keur nyemprot sakulilingeun sakola keur penyemprotan.
Saur Ii ngajelaskeun pola kerja penyemprotanna tina bahan nu disadiakeun saperti diantarana So Klin, Wipol, Proklin dicampur jeung cai sacukupna. Terus guru-guru nu piket ambil bagian pikeun nyemprot sakulilingeun éta, sakola. ***
A.Mugian/AS
0 Response to "Siswa Belajar di Imah Guru jeung Kepala Sekolah keur Pencegahan Virus Corona."
Posting Komentar