WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Perguruan Pencak Silat Pléréd, rék Mararenca

PLÉRÉD - Grup Majalah Warta Sunda,- DPC PPSI Kecamatan Pléréd rék magelarkeun tur ngaramekeun dunya persilatan ku acara gebyar ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Carpon di Galura : Minantu Ku Lely Moél


Mitoha téh kudu dihormat, dihargaan, dijatnikakeun. Sok aya kasebutna mitoha ngajajah minantu, tapi teu kurang-kurang jaman ayauena mah minantu nu nyiksa mitoha. Lain digebugan pastina gé, tapi nyakitu geuning,  ngasuh incuna, ngurus rumah tangga anak, masak, sasapu, ngepél.
Carpon ieu ngadongéng unak-anik hubungan kulawarga.
Kuring boga minantu geulis , agamis, tukang bisnis. Tapi pagawéan rumah tangga kabéh disérénkeun. Iklas mah enya, ngan remen tugenah.
Sok remen ngabanding-banding, sakapeung nyipta-nyipta mun téa mah bisa nawar, pamajikan Si Aa téh mending awéwé basajan nu percéka ngurus imah jeung getén ka budak.

Aya dina carpon Galura minggu ka II Maret 2020.

Cung saha nu teu bageur ka mitohaaaaaa😄

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Carpon di Galura : Minantu Ku Lely Moél"

Posting Komentar