WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge…

  Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge… JAKARTA –  www.wartasunda.id Déwan Perwakila...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

PWI Purwakarta Rék Magelarkeun Saniskara Kagiatan Patula-Patalina "PERS"


Keterangan Poto : 
Perwakilan Pangurus PWI Perwakilan Purwakarta Cabang Jawa Barat. (9/2). Doc_Pribadi.*

Purwakarta - Warta Sunda Onliné,

Sanggeus ngahadiran Hari Pers Nasional di Banjarmasin Ibu Kota Kalimantan Selatan, PWI Perwakilan Purwakarta - Jawa Barat rék ngayakeun saniskara kagiatan nu aya patula-patalina ngeunaan PERS.

     Dina waktu deukeut ieu, PWI Perwakilan Purwakarta ngayakeun acara, hiji diantarana rék ngayakeun "Seminar Sehari" dina awal bulan Maret. Kitu ceuk Sekjen PWI Perwakilan Purwakarta, Sulkopli ka Warta Sunda Onliné, Rebo, (19/2) di Sekretariat PWI Perwakilan Purwakarta, Jalan Veteran No. 45 Kelurahan Ciseureuh Kabupatén Purwakarta.


     Acara seminar sapoé éta, wacanana ngabahas ngeunaan "HOAX". Dina hal ieu mah rék ngundang nara sumberna ti Dewan Pers, PWI Pusat/PWI Jabar jeung Pengusaha Media.
     "Mugia acara éta dina waktosns tiasa lumangsung kalayan lancar," pokna Sekjen PWI Purwakarta.
     Inyana ogé nambahkeun, pihakna ayeuna keur koordinasi jeung pihak-pihak terkait pikeun nangtukeun kasiapan penyaji jeung waktu tur tempat lumangsungna kagiatan. *** AS.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "PWI Purwakarta Rék Magelarkeun Saniskara Kagiatan Patula-Patalina "PERS""

Posting Komentar