MTs Al-Wathon - MI Al-Muhajirin Ngagelar Gerakan Cinta Masjid
Laporan Warta Sunda Onliné dilokasi kagiatan :
Keterangan Poto : Perwakilan Siswas-siswi MI Al-Muhajirin Kampus 4, ngiring aub kagiatan Gerakan Cinta Mesjid 2020. Anapon kitu dina raraga ngareuah-reuah Milad jeung Haul Ponpes Al-Muhajirin ka-27 taun.*
MTs Al-Wathon jeung MI Al-Muhajirin Kampus 4, Ngagelar Kagiatan Gerakan Cinta Masjid
Keterangan Poto : DR. KH. Abun Bunyamin, M.A, uar pangajakna ka sakabh santri-santriwan Al-Muhajirin sangkan nyukseskeun kagiatan Gerakan Cinta Mesjid 2020. Anapon kitu dina raraga ngareuah-reuah Milad jeung Haul Ponpes Al-Muhajirin ka-27 taun.*
D
|
ina raraga ngareuah-reuah Milad jeung Haul
Ponpes Al-Muhajirin Purwakarta nu ka-27, sakabéh santri Ponpes Al-Muhajirin
ngalaksanakeun kagiatan Gerakan Cinta Masjid (GCM).
Dina hal ieu mah, Madrasah
Tsanawiyah (MTs) Al-Wathon jeung Marasah Ibtidaiyah (MI) Al-Muhajirin Kampus 4
milu aub ngareuah-reuahna.
Keterangan Poto :
Kepala Madrasah MTs jeung MI Al-Muhajirin H. Sobari, S.Ag. M.Pd.*
Kepala Madrasah MTs jeung MI
Al-Muhajirin H. Sobari, S.Ag. M.Pd, mingpin langsung ngaleupaskeun para santri
keur ngalaksanakeun kagiatan GCM ti poé Salasa dugika Juma'ah. Kitu dieceskeun
ka Warta Sunda Onliné, di Kampus 4 MTs &
MI Al-Muhajirin, ping (13/2).
Uar pangajakna dipayuneun para
santri yén mikacinta jeung ngamakmurkeun masjid téh nyaéta salahsahiji conto nu diajarkeun ku
rosululloh Nabi Muhammad SAW.
“Mikacinta jeung ngamakmurkeun
masjid téh entong nepika salempang kana mangpaatna kamasalahatan, komo dina ngawakapkeun atanapi nyumbangkeun ka mesjid. Kituna ogé bebersih mesjid komo jang kapentingan
umat jeung pahala keur
urang,” pokna H. Sobari basa nirukeun omongan DR. KH. Abun Bunyamin, M.A. basa
sawatara katukang.
Sedengkeun ceuk salahsaurang guru pembimbing ibu
Diptiara Nurlita, S.Pd
wali kelas 1-D, inyana ngeceskeun yén kagiatan GCM ieu minangka ngalatih para siswa dina kapribadiannana wanoh tur mikawanoh jeung mikacinta ka éta mesjid.
Panitenan sim kuring, “kiwari
barudak dina waktu magrib mah, tos jarang araya di masjid, alatan barudak dibebenjokeun ku HP nu andoid ku
mangrupa-rupa game, kajaba tayangan televisi nu geus ngirangan
tayangan edukasi." pokna Ibu Ara nu biasa disebat.
Kituna ogé ceuk, perwakilan
guru kelas 2-B Hilma Maria Shopia. Kagiatan nu sapertos kieu téh kalintang saé
pisan. Lantaran barudak didikna diajar bebersih, komo bebersih masjid mah,
tngtu pahalana langkung ageung kanggo siswa tur nu janten sepuhna.
Ceuk
Wali Kelas 3-A Eva Sopiah,S.Pd.I. ngeceskeun yén para siswa diaping
ku para orangtua siswa hususna siswa kelas 1 jeung kelas 2, lantaran
murangkalihna nu teubacan harideng, tangtu peryogi rojongan ti parasepuh wali
murid.
Lain
halna ceuk panitia
sareng Humas MI Al-Muhajirin Kampus 4, Udan Ahmad ka Warta Sunda Onliné ngajentrekeun yén
kagiatanna Gerakan Cinta Mesjid téh minangka kagiatan nu rutin dilaksanakan tiap mapag Milad Ponpes
Al-Muhajirin.
Para santri antusias ngiring kagiatan GCM
ieu, kulantaran dilaksananakeun unggal kelas ti mimiti kelas 1 nepika kelas 5.
Disagedengeun éta, kagiatan lumangsung ti
poé Salasa dugika Juma’ah ti ping
11, 12, 13 dugika
14 Pébruari 2020. Malahan
waktuna diatur luyu sareng kelasna séwamg-sewangan. Saperti diantarana : Kelas 1 dibagi 4 kelas, kelas 2
tilu kelas, kelas 3 opat kelas, kelas 4 dua kelas sarta kelas 5 ngan ukur
sakelas. Tiap kelasna tempat jeung
waktuna keur ngalaksanakeun
kagiatan di masjid-masjid nu geus dipilih.
Diantarana
kelas 1 jadwal GCM na ping 12 Pébruri 2020.
Keterangan Poto :
Rengrengan siswa-siswi katut wali kelas sinareng wali murid Kelas 1-A poto sareng pangurus DKM Assyifa Perum Cikadu nalika masihan bantosan sacara simbolis Al-Qur'an, Alat-alat Solat.*
Kelas 1-A di pingpin ku Énén Nurlatifah, S.Pd, lokasi di Mesjid Jami Al-Barokah (Désa Cianting Utara
RT.05/02) pengurus DKM na H. Aos sareng Encik Syihabudin.
Keterangan Poto :
Rengrengan siswa-siswi katut wali kelas sinareng wali murid Kelas 1-B poto sareng pangurus DKM Assyifa Perum Cikadu nalika masihan bantosan sacara simbolis Al-Qur'an, Alat-alat Solat.*
Kelas 1-B di
pingpin ku Néng Lina, S.Pd.I, lokasi di Mesjid Jami Al-Amanah Kampung Bendul Landeuh RT.35/10 Désa
Sukatani pengurus DKM Bapa Nurdin.
Keterangan Poto :
Rengrengan siswa-siswi katut wali kelas sinareng wali murid Kelas 1-C poto sareng pangurus DKM Assyifa Perum Cikadu nalika masihan bantosan sacara simbolis Al-Qur'an, Alat-alat Solat.*
Kelas 1-C di
pingpin ku Sri Lestari, S.Pd, lokasi di Mesjid Bahrul Ulum Kampung Jambu Sewu Désa Cilalawi pengurus
DKM Bapa Dudung S, S.Pd.I.
Keterangan Poto :
Rengrengan siswa-siswi katut wali kelas sinareng wali murid Kelas 1-D poto sareng pangurus DKM Assyifa Perum Cikadu nalika masihan bantosan sacara simbolis Al-Qur'an, Alat-alat Solat.*
Kelas 1-D di
pingpin ku Diptiara Nurlita,S.Pd, lokasi di Mesjid An-Najah Kampung Cimanglid RT.33/01 Désa Sukatani
pengurus DKM Bapa Ustad Aziz Zain/ Ahmad Nuh.
Keterangan Poto :
Rengrengan siswa-siswi katut wali kelas sinareng wali murid Kelas 2-A poto sareng pangurus DKM Assyifa Perum Cikadu nalika masihan bantosan sacara simbolis Al-Qur'an, Alat-alat Solat.*
Ari Kelas 2-A jadwalna ping 13 Pébruari 2020 di
pingpin ku Mellynda, S.Pd, lokasi di Mesjid Al-Barokah Kampung Cilampahan RT.04/02 Désa Sukajaya
pengurus DKM Bapa H. Abidin.
Keterangan Poto :
Rengrengan siswa-siswi katut wali kelas sinareng wali murid Kelas 2-B poto sareng pangurus DKM Assyifa Perum Cikadu nalika masihan bantosan sacara simbolis Al-Qur'an, Alat-alat Solat.*
Kelas 2-B di
pingpin ku Hilma Maria Shopia, lokasi di Mesjid Assyifa Perum Cikadu Désa Sukatani.
Keterangan Poto :
Rengrengan siswa-siswi katut wali kelas sinareng wali murid Kelas 2-C poto sareng pangurus DKM Assyifa Perum Cikadu nalika masihan bantosan sacara simbolis Al-Qur'an, Alat-alat Solat.*
Kelas 2-C di
pingpin ku Sylvia Putri Anggrean, S.Pd, lokasi di Mesjid Jami Riyadul Hasanah RT.11/04 Bendul Désa Sukatani
pengurus DKM Bapa Ustad Muhdi.
Kelas 3-A jadwalna ping 14 Pébruari 2020 di
pingpin ku Eva Sopiah,S.Pd.I, lokasi di Mesjid Ar-Rohman Kampung Cimanglid RT.33/01 Désa Sukatani
pengurus DKM Bapa Deden.
Keterangan Poto :
Rengrengan siswa-siswi katut wali kelas sinareng wali murid Kelas 3-B poto sareng pangurus DKM Assyifa Perum Cikadu nalika masihan bantosan sacara simbolis Al-Qur'an, Alat-alat Solat.*
Kelas
3-B jadwalna ping 13 Pébruari 2020 di pingpin ku Hilmi Maria Maésaroh, S.Pd.I, lokasi di Mesjid Hidayatul Islam Kampung Cigebang
RT.009/003 Désa Sukamaju pengurus DKM Bapa Karyadi.
Kelas 4-A jadwalna ping 14 Pébruari 2020 di pingpin ku Reza
Lorenza, S.Pd, lokasi di
Mesjid Jami Al-Istiqomah Kampung Ciseuti RT.01/01 Désa Tajursidang.
Keterangan Poto :
Humas MI Al-Muhajirin Kampus 4 masrahkeun sacara simbolis bantuan ti siswa-siswi kelas 4-B ka Pangurus DKM.*
Keterangan Poto :
Wawakil murid kelas 4-B nuju bebersih mesjid.*
Kelas 4-B jadwalna ping 11 Pébruari 2020di
pingpin ku Ajud Tajudin, lokasi di Mesjid Nurul Huda Kampung Cilayung RT.08/03 Désa Cilalawi
pengurus DKM Bapa H. Ujang Supriatna.
Kelas 5 jadwalna ping 14 Pébruari 2020 di pingpin ku Akil
Watsiqum billah, lokasi di Mesjid Jami
Al-Ikhlas Kampung Ciseuti RT.03/01 Désa Tajursindang.
Dina kasempetan éta ogé ceuk perwakilan pihak pangurus DKM saperti ti
DKM Al-Barokah ngaliwatan Ahmad Nuh, inyana ngarasa reueus acara bebersih mesjid saé pisan kagiatannana téh. Malah mandar ieu kanggo ngadidik anak ti
usia dini. Sangkan mibanda ahlak anu
hadé, tur mun tos ageungna kapayun tiasa biasa resep ka mesjid.
Lain halna ceuk Muhdi (66) ketua DKM Jami
Riyadhul Hasannah, inyana ngahaturkeun rewu-rewu nuhun kana atensina ka masjid, ieu leuwih ningkatkeun kacintaan ka mesjid. Apanan
ari mesjid téh rumah Alloh.
“Tujuan dilaksanakeunna kagiatan GCM éta
téh pikeun menanamkan rasa cinta jeung peduli para santri ka masjid,” pokna H. Aos.
Sedengkeun
ceuk Encik Syihabudin mugia barudak bohna sepuh wali murid nu parantos
nyumbangkeun Al-Qur’an sarta alat-alat solat sing dijantenkeun barudak anu soléh-soléhah, palinter, ibu ramana ngusakeun
dilancarkeun, sakolana (MI Al-Muhajirin) langkung majeng deui.
Keterangan Poto :
Ma Ucih wawakil sepuh wali murid hoyong kenging pahala ku cara bebersih mesjid.*
Kalih ti éta perwakilan ti sepuh wali murid, Ma Ucih (67) sepuh wali murid néng Silfa ngarasa reus incuna diajak
Gerakan Cinta Mesjid, mugia nu janten incuna dina pembelajaran disakola tiasa janten
murangkalih anu soléhah.
Keterangan Poto :
Sefa Septianto Sastra Diwangsa sinareng rerencangana wawakil murid kelas 1-D nuju netepan Dhu'ha.*
“Alhamulillah abdi sareng
rerencangan tiasa ngiringan bebersih masjid, pokna Sefa Septiantos Sastra Diwangsa wawakil siswa kelas 1-D.*** (AS)
0 Response to "MTs Al-Wathon - MI Al-Muhajirin Ngagelar Gerakan Cinta Masjid"
Posting Komentar