WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Mimiti Juli 2020, di SMAN/SMKN Di Jawa Barat Haratis SPP


Keterangan Poto:
Kepala Disdik Jabar, Dewi Sartika

BANDUNG, wartasundaonline.com – bewara nu matak pikabungaheun datang ti Dinas Pendidikan (Disdik) Jawa Barat. Kepala Disdik Jabar, Dewi Sartika,  mastikeun program pembebasan iuran bulanan atawa Sumbangan Pembinaan Pendidikan (SPP) keur SMAN  jeung SMKN di Jawa Barat jadi dilaksanakeun. 

     “Pamaréntah Daérah Provinsi (Pemdaprov) Jawa Barat geus ngaalokasikeun anggaran gedéna Rp817 miliar tina APBD Jabar 2020 keur program éta. Persiapanna terus-terusan, liai ti Pergubna tos aya, ayeuna mah masih terus ngalkulasi kebutuhan real di lapangan,” pokna (11/02/2020).

     Nurutkeun Dewi, program bebas iuran bulanan peserta didik SMA jeung SMK Negeri éta engké dina taun ajaran anyar atawa bulan Juli 2020. “Dipilihna mimiti bulan Juli 2020, pas taun ajaran anyar dina kalender pendidikan. Mimiti bulan Juli 2020, siswa SMAN jeung SMKN di Jawa Barat teu kedah deui mayar iuran bulanan,” negekeskeun Dewi.

     Dewi ngajelaskeun, anggaran nu gedéna Rp817 miliar éta keur kabutuhan sakabéh SMAN jeung SMKN di Jawa Barat salila 6 bulan, ti bulan Juli 2020 nepika Desember 2020. Taun 2021, anggaranna jigana leuwih gedé deui, kulantara maju sataun, mimiti Januari 2021 nepika Desember 2021.*** Pri/jabariber.com


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Mimiti Juli 2020, di SMAN/SMKN Di Jawa Barat Haratis SPP"

Posting Komentar