WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Hasil OKK di Bogor, 3 Urang Resmi Jadi Anggota PWI Purwakarta

Hasil OKK di Bogor, 3 Urang Resmi Jadi Anggota PWI Purwakarta Tilu calon anggota anu dikirim nyaéta Aik Hakiki, Rafael Cristian ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Bunga Lestari Pecatur Cilik ti Pasawahan

Keterangan Poto :
Néng Bunga Lestari pecatur cilik ti Pasawahan.*


Pasawahan - Warta Sunda Onliné,
P
ersatuan Catur Seluruh Indonésia (PERCASI) Kabupatén Purwakarta sawatara waktu katukang parantos ngayak pecatur cilik jenjang di tingkat SD sinareng SMP. Lumangsung di Gedong Linuhung Kabupaten Purwakarta, Kemis, (13/2).

Samalah budak di Kecamatan Pasawahan nyatana Bunga Lestari Pinunjul ka-1 Tingkat Kabupatén Purwakarta, minangka Pecatur Cilik nu parantos ngelehkeun lawan-lawan.


Keterangan Poto :
Néng Bunga Lestari pecatur cilik ti Pasawahan juara ka-1.*


Dina ha lieu mah, Kepala SDN 2 Pasawahan, Sahrun, S.Pd ngarasa reueus yén anak didikna kenging kapinunjulan dina widang olahraga Catur. Mugia anjeunna sapertos Atlet Catur Putri asal Maniis yaitu Natasya Mulya Dewanti (15) urang Maniis nu parantos ngalalana di Tingkat Nasional jeung Internasional dina kapinunjulan catur.
“Tah murangkalih sim kuring ogé mugia tiasa ngiringan jejakna,” pokna Sahrun.
Ku kituna, néng Bunga Lestari téh sing tinekanan dina pamaksadanana.
Pihak Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta nu dikomandanan Pa H. Purwanto masihan kadeudeuh kanggo néng Bunga Lestari, ieu janten motivasi anjeuna dina diajar tur ngahontal préstasi.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Bunga Lestari Pecatur Cilik ti Pasawahan"

Posting Komentar