Sundakalapa Palabuan Penting Jaman Pajajaran
PALABUAN Sundakalapa kiwari.*
Mindeng disebutkeun karajaan di Tatar Sunda teh karajaan agraris. Tapi fakta sajarah nembongkeun karajaan di Sunda mibanda palabuan-palabuan badag jeung disarampingan ku kapal-kapal ti mancanagara. Teu aneh Demak ngarebut palabuan Sundakalapa.
PALABUAN Sundakalapa di Jakarta nu kiwari dipake tempat balabuh ku pamayang jeung ukur disimpangan ku kapal leutik, ceuk sakaol, geus aya ti abad ka-5, ti jaman Tarumanagara. Jaman Pajajaran, Palabuan Sundakalapa jadi palabuan penting, palabuan pangbadagna jeung pangramena di daerah kakawasaan Pajajaran.
Ahir abad ka-15 jeung awal abad ka-16, urang Eropah bur-ber ka ditu k adieu, neangan pulo atawa tempat di luar Eropah, angklung-angklengan di tengah laut. Urang Portugis balayar ka wewengkon Asia jeung balabuh ka Palabuan Malaka. Taun 1511 Masehi, Palabuan Malaka dikawasa sarta dipake pamiangan keur lalanto ka Asia Tenggara jeung ka Asia Timur.
Tukang ngalalana nu oge “wartawan”, Tome Pires, urang Portugis nu milu jeung kapal Portugis, lalanto ka palabuan-palabuan di basisir kaler Pulo Jawa, antara taun 1512 jeung 1515. Tome Pires di antarana ngagambaarkeun kaayaan Sunda Kalapa. Ceuk Tome Pires, Palabuan Sundakalapa teh haneuteun pisan .
Palabuan penting
Tome Pires nyebutkeun kapal-kapal nu balabuh di Sundakalapa teh di antarana Sumatra, Malaka, Sulawesi Selatan, Jawa jeung Madura. Sahang (lada), beas, asem, sasatoan peunciteun, emas, sayuran jeung buah-buahan, loba nu ngajualan. Dina abad ka-12, Sundakapala dianggap palabuan sahang nu payu pisan di pasar internasional.
Kapal Tiongkok, Jepang, India Selatan, India Timur jeung Timur Tengah, balabuh mawa barang-barang saperti porselen, kopi, sutra, kaen, seuseungiteun, kuda, anggur, jeung zat warna. Barang-barang bieu dibarter jeung rempah-rempah nu jadi komoditas dagang nu penting jaman harita, dina film kartun Donal Bebek diwadahan oge dina peti emas.
Ceuk Tomé Pires, palabuan Sundakalapa teh palabuhan pangbadagna di antara palabuan sejenna di wilayah Pajajaran: Sunda (Banten), Pontang, Cigede, Tamgara jeung Cimanuk. Sundakalapa oge palabuan nu penting . Kituna teh lantaran deukeut jeung Dayo (dayeuh, Pakuan Pajajaran), nu ukur meakkeun waktu dua poe.
Dina laporan Portugis, palabuan Sundakelapa panjangna sakilometer tepi ka dua kilometer, di kenca katuhu sisi Ci Liwung. Ti muarana, Ci Liwung bisa dipake balayar 10 kapal dagang nu kapasitas 100 ton. Anu boga kapal-kapal bieu umumna anu bogana urang Melayu, Jepang jeung Tionghoa, aya oge kapal nu dipinda ku urang Nusantara.
Kapal-kapal Portugis nu kapasitas muat antara 500 ton-1.000 ton balabuhna teu bisa deukeut ka basisir. Ceuk Tome Pires barang-barang komoditas dagang Sunda diangkut ku lanchara, kapal nu muatanana paling loba 150 ton. Beurang peuting lanchara teu teureun-eureun ngangkut barang-barang.
Mundinglaya
Mundinglaya
Mandang palabuan Sundakalapa teh penting pisan keur perdagangan internasional, taun 1522 Gubernur Alfonso d’Albuquerque nu dumuk di Malaka ngutus Henrique Leme keur ngaluuhan undangan raja Sunda (Sri Baduga Maharaja) nu hayang gawe bareng, hubungan bilateral babakuna dina kaamanan.
Tanggal 21 Agustus 1522 dintanda tangan kasapukan antara Pajajaran jeung Portugis. Portugis rek ngabangun loji (kantor, paimahan nu di jero benteng) di Palabuan Sundakelapa. Minangka timbal balikna Pajajaran dikirim barang-barang nu diperlukan. Disebutkeun tanda sosobatan jeung Portugis, raja Sunda masrahkeun sahang 1.000 karanjang ka Portugis.
Prarasastoi tina batu ngahaja dijieun keur tanda atawa pangeling ieu kasapukan, dingaranan Padrao. Anu dimaksud layang salaka domas dina carita Pantun Mundinglaya Dikusumah teh taya lian Padrao. Padrao kungsi leungit tapi taun 1918 kapanggoh, di juru Prinsenstraat (Jalan Cengkeh) jeung Groenestraat (Jalan Nelayan Timur) Jakarta.
Demak hareudang
Karajaan Demak nganggap kasapukan Sunda-Portugal ancaman jeung provokasi. Demak nu hayang ngawasa palabuan penting nu strategis keur perdagangan katut kaamanan, ngiangkeun armada kapalnya nu geus dilengkepan ku marieum pikeun ngarebut Sundakalapa. Pasukanana dipingpin ku Fatahillah atawa Peletahan (Fadillah Khan).
Kasultanan Cirebon oge ngabantuan, hususna pasukan darat. Ti Kuningan, dikirim senopati jeung prajurit kavaleri, ahli perang bari tumpak kuda. Pajajaran harita dirajaan ku Surawisesa, nu dina carita pantun ngaranna Mundinglaya Dikusumah. Waktu Sundakalapa diserang pasukan Demak jeung Cirebon, Pajajaran karek nyenghap tina perang.
Dina Carita Parahayangan, disebutkeun Surawisesa teh ngalaman welasan kali perang. Anu diperanganana daerah-daerah bawahan Pajajaran. Sajatawan, Saleh Dana Sasmita nyebutkeun urang daerah teu panujueun diangkatna Surawisesa jadi raja di Pajajaran lantaran aya nu leuwih hak jadi Pajajaran: Sunten Jaya.
Ku sabab remen teuing perang jeung raja-raja daerah teu ngabantuan, pasukan Pajajaran teu sanggupeun nadah panarajang armada Demak jeung Cirebon nu tina kapal-kapalna nembakkeun marieum. Ku urang Pajajaran,marieum teh disebut aji guntur geni, pedah waktu ditembakeun sorana ngageleger jeung ragragna ngaluarkeun seuneu.
Tanggal 22 Juni 1527, pasukan gabungan Demak-Cirebon mampu ngalindih Palabuahan Sundakelapa. Tanggal 22 Juni saterusna dijadikeun titimangsa milangkala Kota Jakarta. Ngaran Sunda Kelapa diganti jadi Jayakarta, tina basa Sansakerta, jayakrta nu hartina kaunggulan atawa kajayaan hasil tina usaha atawa tarekah.***
(Tina https://galura-sunda.com)
0 Response to "Sundakalapa Palabuan Penting Jaman Pajajaran"
Posting Komentar