Pamaréntah Kabupatén Purwakarta Ngoméan Jalan Rusak di Citéko
PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,
P
|
amaréntah Kabupatén Purwakarta ngaliwatan Dinas
Pekerjaan Umum Bina Marga dan Pengairan (PUBMP) Kabupatén Purwakarta ngeembarkeun
anggaran Rp. 2 miliar keur ngoméan Jalan Raya Citéko Kecamatan Pléréd.
"Pihakna rék ngoméan
jalan Citéko, samalah anggaranna ogé disiapkeun kana Rp. 2 miliar," kitu ceuk Kepala Dinas PUBMP, Buddy Supriyadi, Rebo (6/11/2019).
Inyana nyebutkeun, yén anggaran éta keur ngoméan Jalan Raya Citéko nu sumber ti APBD perubahan. Malah mandar
gedéna anggaran éta téh tos kalebet keur pengerjaan saluran cai.
"Tapi
pihakna mrioritaskeun keur jalan nu ruksak parna nu konsepna di beton," pokna.
Lian ti éta ceuk Buddy ménta warga kudu salabar kulantaran
ayeuna masih dina proses tahap lelang. Malah pengerjaan perbaikanna ogé dina bulan Desember
nu bakal datang.
"Ayeuna geus asup
kana tahap lelang, mun seug aya pemenangna perbaikan éta rék sagancangna jalan
Citéko dioméan," pokna Buddy.
Nitenan, karuksakan badan jalan éta aya di dua titik, masing–masing
nu ukurannana kurang leuwih
kana 80 métér jeung 120 métér. Warga sempat ngayakeun aksi protes ku cara nu unik, nyaéta ngadon nguseup
di kubangan badan jalan nu pinuh ku cai, aksi nu saperti kitu téh nepika diposting dina media sosial facebook.***