WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge…

  Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge… JAKARTA –  www.wartasunda.id Déwan Perwakila...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Sajak Sunda KiNdéd19 (NU GUGUPAY.........)


Pajaratan geus ngantosan
Ngagupayan gegeroan
Lapat-lapat ngadatangan
Ngajak nyawa lelempangan

Tutunggul rentul ngajentul
Ngantosan nu acan jebul
Samboja nu ngarangkadak
Jadi payung nu dipelak

Pasaran datang lalaunan
Jumarigjeug ngalongkewang
Nu nganter ceurik hariwang
Moal lila bakal nurutan...

Ngajolopong layon nyelenggon
Dirurub padung ku kayon sengon
Taneuh beureum nu ngurugan
Tempat layon ngantos patarosan

Kakayaan nu diteangan
Dikumpulkeun na kahirupan
Geuning ukur jadi rebutan
Boeh larang ngan jadi raksukan

#Kinded19

Subscribe to receive free email updates: