Konektivitas Wilayahna, Pemkab Purwakarta Muka Jalan Alternatif Anyar
Numutkeun Bupati Purwakarta : Program infrastruktur nurutkeun anjeunna, ngarupakeun stimulan pikeun ngarojong produksi jeung kreativitas masarakat.*
Purwakarta – Warta Sunda Onliné,
P
|
rogram pangwangunan infrastruktur 15 taun nu katukang jadi
prioritas utama di Purwakarta. Hal ieu luyu sareng fokus pamaréntah daérah keur mempercepat
konektivitas wilayahna. Pembukaan jalan alternatif anyar minangka léngkah awal pikeun orientasina.
Bupati
Purwakarta Anne Ratna Mustika negeskeun program andelanna éta. Nurutkeun anjeunna, pamaréntahanna mibanda pagawéan nu katunda ku penuntasan pangwangunan jalur lingkar barat Sukasari. Aspek strategisna jalanna éta, yén Purwakarta terkoneksi antara Kabupatén Bogor, Karawang sarta Kabupatén Cianjur.
Lian ti pekerjaan rumah éta, jalur penghubung ka Kecamatan Jatiluhur sarta ka Kecamatan Pasawahan ogé keur digarap. Jalur ieu minangka fungsi alternatif mun seug jalan Purwakarta – Bandung ngalaman macet. Tiasa ngagunakeun jalan lebet ti wilayah Parakan Lima, Jatiluhur, ka wilayah Cihérang, Pasawahan.
“Engkéna, Purwakarta – Bandung teu kedah lewat ti Pasar Rebo nu biasa macet. Tapi pengguna jalan ogé teu kedah lewat
Ciganea. Para pengguna
jalan éta bisa asup ti Parakan Lima ka Cihérang, sarta ka Sawah Kulon, jeung asup deui ka jalan gedé,” pokna Anne di kantorna. Nu rohangan
gawéna di Jalan Gandanegara No 25, Purwakarta,
Rebo (6/11/2019).

“Ku makin tiasa koneksina éta, tangtu tiasa ngahubungkeun jalan, keur mobilitas wargana tiasa kacipta. Ieu aya hubunganana sareng patukeur-tukeur sumberdaya jeug hasil produk masarakat. Upamina infrastruktur anu saé, éta
dua hal éta ogé bakal tiasa lancer.
Bérés dina Akhir
November
Luyu sareng kmandang Anne, Kepala Dinas Pekerjaan Umum Bina Marga dan
Pengairan Budi Supriadi ogé ngajelaskeun perkembangan teknis program éta. Ceuk anjeunna, yén jalan katut jembatan penghubung Parakan Lima – Cihérang rék rampung dina akhir November ieu.
Budi
ogé ngarincikeun anggaran nu digunakeun demi ngaréngsékeun kagiatan ieu. Saurna wincikan dana gedé aya kana Rp. 15 Miliar keur konstruksi jembatan katut pembebasan lahan. Sajeroning kitu, Rp. 4 Miliar ogé digunakeun keur pengerasan jeung pembetonan jalan. Nu ahirna total anggaran ngahontal kana Rp. 19 Miliar.
“Pengerjaanna
kan aya dua tahap. Aya tahap pembebasan
lahan jeung pembangunan jembatan. Éta nu dilakukeun dina taun 2017 nu ngagunakeun APBD Provinsi Jawa Barat. Terus, taun ieu ogé keur dilumagsungkeun pangwangunan jalan. sapanjang jalan 950 métér, lebar 5 métér. Éta geus kalebet TPT katut drainasé,” pokna.
Numutkeun data ti lingkungan dinasna, Budi ngajelaskeun pembangunan jalan sok leuwih
ngaronjat. Malahan dina taun 2008 nu katukang,
ruas jalan mantap di Purwakarta ngahontal
62,2% atawa 447 KM. Total jalan kabupatén ieu undak nepika
728 KM.
“Ku kituna dina akhir 2018 kamari éta jalan mantap kabupatén téh undak nepika 84,10%. Targetna tangtu 100%,” pokna.***