WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge…

  Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge… JAKARTA –  www.wartasunda.id Déwan Perwakila...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Hasil Rapat : PWI rék Magelarkeun UKW ka-2, Pembentukan PWI Peduli Tur Rehab Sekretariat


PWI – Warta Sunda Onliné,
P
ERSATUAN Wartawan Indonesia (PWI) Perwakilan Kabupatén Purwakarta, Jawa Barat ngadua balenan rék magelarkeun Uji Kompetensi Wartawan (UKW).
Kapastian bakalna dipagelarkeun UKW lanjutan téh tina hasil rapat pengurus dan anggota PWI Perwakilan Kabupatén Purwakarta poé Juma’ah sore (8/11/2019) di Cafe Yuri House, Jl. RE Martadinata Purwakarta.
UKW ayeuna ieu nu ka-2 kalina PWI Purwakarta magelarkeun UKW ditaun 2019, saméméhna pernah dilaksanakeun dina tanggal, 6-7 April 2019 sawatara waktu katukang.
Dina rapat éta dipingpin langsung ku Ketua PWI Purwakarta, Asep Yadi Sobana. Salain agenda penyelenggaraan UKW ogé ngabahas agenda pembentukan kepanitiaan PWI Peduli jeung rencana Rehab gedung Sekretariat PWI Kabupatén Purwakarta nu lokasina di Jalan Veteran.
Ceuk Ketua PWI Purwakarta, Asep Yadi Sobana sanggeus ngabentuk kepanitiaan UKW, PWI Peduli jeung panitia rehab gedung sekretariat PWI ngainstruksikeun ka masing-masing panitia luyu sareng tupoksina, malah luyu sareng bidang garapanna.
Keur kepanitiaan UKW sagancangna koordinasi jeung PWI Jabar pikeun ngaréngsekeun tur masrahkeun  dokumen surat-menyurat ka PWI Jabar. Lian ti éta ogé, keur kepanitiaan PWI Peduli sagancangna ngaagendakeun kanggo pelantikan pengurusna sarta ka panitia rehab sekretariat PWI pon kitu deui koordinasi jeung pihak-pihak terkait,”kitu peupeujeuh Ketua PWI Purwakarta.
Kepantiaan hasil rapat keur UKW kasapukan Ketua Panitiana, Asep Budiman wartawan online wartamerdeka.com, sedengkeun keur kepanitiaan PWI peduli Ketuana Dicky Julkifli ti wartawan headlinejabar.com sarta keur kepanitiaan rehab sekretariat di ketuaan ku Yuslipar wartawan rmoljabar.com.***

Subscribe to receive free email updates: