WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge…

  Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge… JAKARTA –  www.wartasunda.id Déwan Perwakila...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Léngkah Bupati Purwakarta Ngaantisipasi Bencana di Usum Hujan


 
PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,
S
ajumlah wilayah di Kabupatén Purwakarta, rawan bencana alam dina usum ngijih. Ku kituna, kiwari jajaran pemkab ngayakeun kagiatan pikeun ngaantisipasi mapag datangna usum hujan.
Bupati Purwakarta, Anne Ratna Mustika ngeceskeun, saniskara persiapan geus dilakukeun keur ngaminimalisasi dampak tina bencana alam nu sawaktu-waktu datang dina usum hujan ieu. 
"Kami geus ngainstruksikeun sakabéh jajaran pamaréntah nepika tingkat bawah supaya nguatkeun komunikasi pikeun leuwih tanggap bencana. Nilik kaayaan kiwari geus asup kana usum hujan," pokna Anne. 


Anne ngajentrekeun, tina hasil paniten ti dinas terkait, yén di wilayahna aya tilu bencana musiman nu kudu di waspadaan. Nyaéta, pergerakan tanah (longsor), angin ribut jeung bencana banjir. Ku hal éta, pihakna umajak sakabéh lapisan masarakat keur ngaantisipasi supaya dampak tina bencana alam bisa diminimalisasi. 
Anne ogé ngajelaskeun, keur daérah nu dianggap rawan longsor saperti ti daérah-daérah perbukitan. Saperti halna, di Kecamatan Bojong, Darangdan, Wanayasa tur Pondoksalam. Hasil pemetaan ieu, ngarujuk kana musibah nu sering karandapan di wilayah-wilayah nu saperti kitu.
"Di wilayah-wilayah éta, yén tingkat pergerakan tanahna cukup tinggi. Jadi perlu diwaspadaan," jelas Anne.


Sajeroning kitu, sambung Anne, keur daérah nu rawan bencana angin puting beliung, éta di antarana di wilayah perkotaan jeung Bungursari. Kulantaran, salami ieu ieu sering ka musibahan di dua wilayahna.
Sedengkeun, pokna Anne, musibah banjir sabenerna teu loba teuing kacaritakeun di wilayahna. Mun seug aya ogé, éta biasana mah banjir cileuncang nu diakibatkeun ayaana drainase nu mangpet tina runtah. Ku hal éta, pihakna umajak ka masarakat sangkan babarengan ngayakeun bebersih.
Anne nambahkeun, antisipasi dina hal ieu mah pihakna ogé geus nyiapkeun anggaran husus bencana alam. Gedéna waragad kirang langkung aya kana Rp. 500 juta nu sumberna tina APBD kabupatén.


"Malah mandar, kamari geus disalurkeun Rp. 200 juta nalika bencana kekeringan jeung kakurangan cai bersih. Urang ngado’a babarengan, mugia di Purwakarta tonng nepika aya bencana alam nu bisa ngarugikeun masarakat," pokna Anne. (*)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Léngkah Bupati Purwakarta Ngaantisipasi Bencana di Usum Hujan"

Posting Komentar