WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Diana Lisu Arrang Bato Limbong, Anggota Déwan Dapil 6 Sukatani, Purwakarta Hadir dina Upacara Bendera

SUKATANI - Grup Majalah Warta Sunda, - Bangsa Indonesia ayeuna ngarayakeun *Hari Ulang Tahun (HUT) Kamerdikaan Republik Indonesi...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Désa Peradaban "Cilingga" Darangdan Jadi Puseur Kagiatan KEMENAG


Kepala Kemenag Kabupatén Purwakarta, Drs. H. Tedi Ahmad Junaédi, M.Si,muka acara Jalan Santey di Désa Cilingga, Kecamatan Darangdan, Kabupatén Purwakarta, poé Saptu (30/11/2019).*


KEMENAG – Warta Sunda Onliné,
D
INA raraga ngareuah-reuah Hari Amal Bakti (HAB) Kementrian Agama RI ka-74 nu témana "Jaga Kebersamaan Umat". Kemenag Kabupatén Purwakarta ngagelar kagiatan jalan sehat di buruan kantor Désa Cilingga, Kecamatan Darangdan, Kabupatén Purwakarta, poé Saptu (30/11/2019).
Kagiatan nu saperti kitu téh hasil karancagéan ti Dewan Pengurus Daérah Persatuan Guru Madrasah Indonésia (DPD-PGMI) Kabupatén Purwakarta sinareng pihak Kemenag Kabupatén Purwakarta pikeun ngahijikeun guru-guru madrosah sa-tatar Purwakarta.

5.000 urang guru RA, MI, MTS, MA jeung sakabéh staf Kementrian Agama Kabupatén Purwakarta katut Kepala Kemenag laleumpang mapay lembur Désa Cilingga.*

Malah mandar 5.000 urang guru madrosah nu ngawengku ti mimiti guru RA, MI, MTS, MA jeung sakabéh staf Kementrian Agama Kabupatén Purwakarta katut Kepala Kemenag laleumpang mapay lembur kana 2 kilona di désa peradaban nu geus jadi icon Jawa Barat.
Ceuk Ketua Panatacalagara, Drs. H. Chairil Anwar nalika diwawancaraan ku awak média dilokasi acara, nyebutkeun yén kagiatan nu saperti kitu téh minangka agenda taunan kemenag ogé ningkatkeun tali silaturahmi. Komo taun ayeuna mah dipuseurkeun di Désa Peradaban nyatana Désa Cilingga, para pamilon ngahaja diwanohkeun ku kaéndahan tur kaasrian ieu lembur.
Dina kasempetan éta ogé, Kepala Kemenag Kabupatén Purwakarta, Drs. H. Tedi Ahmad Junaédi, M.Si, inyana ngarasa reueus wiréhna guru-guru nu aya dilingkungan kementrian agama téh ragem tur sarumanget dina ngareuah-reuah miéling poé amal bhakti ka-74.
Ieu nandakeun ku kakompakan atara guru RA, MI, MTS, MA jeung sakabéh staf Kementrian Agama Kabupatén Purwakarta ngariung balakecrakan ku pihak pribumi nyatana panitia lokal nu disuguhan sarupaning katuangeun.
Lian ti éta, yén Kabupaten Purwakarta itu mendapatkan Award dari Kemenag RI sebagai wilayah paling kondusif dan toleran antar umat beragama.
Harepan Tedi, yén "Kemenag kapayunna kudu 3P, nyaéta kudu profesional, pelayan masyarakat, sarta penggerak pemersatu bangsa," pokna Tedi. Pon kitu deui ari puncakna acara mah engké ping 3 Januari 2020 lumangsung upacarana tempatna di Alun-alun Purwakarta.

Acara jalan santey ieu ceuk Camat Kecamatan Darangdang, Adé Sumarna, M.Si, pihana ngahaturkeun rewu-rewu nuhun yén Désa Cilingga dipilih ku pihak Kemenag Kabupatén Purwakarta pikeun puseur kagiatan Hari Amal Bakti (HAB) Kementrian Agama RI ka-74 nu témana "Jaga Kebersamaan Umat".
Lain halna ceuk Mulyana, S.Pd.I (Kepala MI Ar-Rosyid Campaka) kagiatan nu saperti kitu téh kalintang saé, lantran mangpaatna lian ti silaturahmi antar guru ogé sareng keluarga besar Kemenag.
Sedengkeun ceuk Ujib guru PAI Kecamatan Pléréd, Inyana tiasa tepung lawung jeung guru-guru di wilayah binaan kemenag. Lantaran sim kuring mah ngawulang di SDN Rawasari Pléréd, tapi ayeuna tepang sareng guru RA, MI, MTs jeung MA sa-Purwakarta.***

Perwakilan ti Al-Muttohar Plered.*


Subscribe to receive free email updates:

2 Responses to "Désa Peradaban "Cilingga" Darangdan Jadi Puseur Kagiatan KEMENAG"

MI Nurul Azhar Badega Gunung Parang mengatakan...

👍Hebat lah Desa Peradaban " Desa Cilingga "Hatur Nuhun pak Lurah oge rengrengan pamarentahna tur Masyarakatna nu tos Ngadukung Kegiatan HAB Depag Purwakarta..

REDAKTUR : Kiwarta mengatakan...

Hatur nuhun kana atensina.

Posting Komentar