WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Sajak Sunda KiNdéd19

PECAT SAWED

Pecat sawed ngadatangan
Juuh kesang nu masehan
Nitah eureun pagawean
Masigit parantos ngantosan

Ciasih nyucikeun diri
Ngawasuh waruga hina nu teu surti
Nu nyumput dina kamulyaan diri
Di bungkus ku baju kagorengan ati

Masigit ngahiyap diri
Ngahariring dangding nu suci
Mepende rongkahna nafsu
Mepeur nafsu nu kalangsu

Sayyidul ayyam anu katelah
Rewuan tikel pahala ibadah
Di ancokeun keur nu sumerah pasrah
Tina mengparna laku jeung lampah

KiNded19

Subscribe to receive free email updates: