WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge…

  Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge… JAKARTA –  www.wartasunda.id Déwan Perwakila...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Polres Purwakarta Ngagelar Operasi Zebra 2019



KEPOLISIAN – Warta Sunda Onliné,
O
perasi Zebra Lodaya 2019, ratusan personel gabungan ngagelar apel bersama di buruan Mapolres Purwakarta, Jalan veteran, Kelurahan Ciseureuh, Purwakarta.
Katingal, personel nu ngawengku diantarana ti Polri, TNI, Satpol PP, jeung Dinas Perhubungan ogé milua aub dina apel gabungan nu dipingpin langsung ku Kapolres Purwakarta, AKBP Matrius, poé Rebo (23/10/2019).
Kapolres Purwakarta negeskeun, ka jajaranna pikeun negakkeun kadisiplinan berlalu lintas pikeun sakabéh pengendara, tangtuna gawé babarengan antar lembaga jeung kesatuan nu aya.
"Operasi ieu, tujuannana pikeun negakkeun aturan berlalu lintas, sakabéh institusi kudu gawé bareng, poma targetna téh tiasa kahontal tur tiasa méré kanyamanan ka masarakat sangkan tiasa dirasakeun," pokna Matrius, sabérésna mingpin apel.

Matrius ménta anggotana sangkan teu arogan, teu aya basa-basa anu kirang mernah pon kitu deui tndakan ekstra katut leuwih mayunkeun léngkah nu kataji/simpatik nalika nangtukeun operasi éta.
"Sim kuring ngingetan dina negakeun hukum ieu, tetep nyanghareupkeun léngkah-léngkah anu pikatajieun. Entong némbongkeun arogansi tur kewenanganna," pokna.
Lian ti éta, Matrius ogé ngahimbau anggotana pikeun leuwih nyontoan simpatik tur humanis ka para pengendara. Léngkah-léngkah preventif, pokna anjeuna, ogé anggota polisi kudu pangpayuna nalika ngalakukeun penindakan di Operasi Zebra 2019.
"Tunjukkeun saudara-saudara sekalian baik itu Polri-TNI maupun stakeholder terkait lainnya bahwa penegakan hukum itu bukan untuk menakut-nakuti masyarakat tapi bagian dari proses menegakkan hukum agar mau menertibkan diri masing-masing. Pesen ieu nu kudu ditepikeun. Mun urang némbongkeun léngkah-léngkah penegakan hukum, tunjukeun sacara ku léngkah-léngkah preventif dina ngalakukeun penegakan hukum, nalika mariksaan, SOP-SOP nu aya ditaati," sambungna.
Dina kasempetan éta ogé, Kasat Lantas Polres Purwakarta, AKP Ricky Adipratama ngeceskeun, engkéna sakabéh personel éta téh geus pada ditempatkeun di sababaraha titik nu dianggap lokasi anu strategis jeung paling rawan pelanggaran berlalu lintas.
"Para personelna téh sumebar di sababaraha titik, jeung urang terapkeun dina operasi zebra ieu," terangna. (Gin)

Subscribe to receive free email updates: