WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge…

  Ceuk Anggota DPR Komisi DPR Mufti Anam : Ayeuna Sadayana Dipajak, Malah Amplop Kawin Ge… JAKARTA –  www.wartasunda.id Déwan Perwakila...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Disporaparbud, Ngamumulé Seni Ibing Silat Pasanggirina di Jawaraan ku SMPN 1 Maniis




Disporaparbud – Warta Sunda Onliné,

R
éngkak gerak Ibing silat kaparigelan para pamilon dina acara Pasanggiri Ibing Pencak Silat Tingkat SD sareng SMP nu dikokolakeun Disporaparbud téh dina raraga ngamumulé seni karuhun Jawa Barat.  
Dina hal ieu mah, tarékah jeung patéah pihak Dinas Pemuda dan Olahraga, Pariwisata dan Budaya (Disporaparbud) Kabupatén Purwakarta masih kénéh mikanyaah kana seni titingal karuhun nu ayeuna geus mendunia. Kitu ceuk Sekretaris Disporaparbud, Heri Anwar, SH, inyana ngarojong kana éta kagiatan. Malahan ieu tiasa janten motivasi keur para patandang ogé janten dya taris destinasi wisata tina tiap pintonan silat barudak.

Minangka nu janten jawara tina kagiatan Pasanggiri Ibig Silat éta téh Juara Umum UPTD SMPN 1 Maniis, malah kapinunjulanana ogé ngawengku diantarana : Juara 1 Rampak Putri, Juara 1 Rampak Putra, Juara 3 Ijen Putri sarta Juara Harapan 2 Tunggal Putri. Kitu ditetelakeun ku panatacalagara kagiatan  Pasanggiri Ibing Pencak Silat, Anén nu direncangan Irfan Suryana, S.Sos (Kepala Bidang Kepariwisataan dan Kebudayaan) sareng Kepala Seksi Pemeliharaan dan Pengembangan Kebudayaan, Agus Fitradhona, A., SE, Disporaparbud ka Warta Sunda Onliné dilokasi acara, Ahad, (20/10).
Acara nu saperti kitu téh diiluan ku 46 tingkat SD sarta 21 tingkat SMP. Lomba nu dipagelarkeun téh aya 3 kategori nu diparebutkeun diantarana Kategori Tunggal, Ijen sinareng Rampak. Lumangsung ping 19-20 Oktober 2019 di Lapang GOR Purnawarman, Disporaparbud Kabupatén Purwakarta.
Sedengkeun ceuk Kepala UPTD SMPN 1 Maniis, Cucu Agus Hidayat, S.Pd, M.Pd basa anak didikna kenging kapinunjulan Pasanggiri Ibing Penca Silat. Inyana ngarasa reureus tur bingah amarwatasuta. Sok sanajan anak didikna tilembur geus bisa némbongkeun unjuk kabisana tina widang silat tur mawa oleh-oleh ku kapinjulan Juara Umum.
“Tina persiapan anak didikna téh geus ti anggalna dipersiapkeun, kajaba guru Pembina Eskulna Ibu RW Nurretna sarta Pelatihna H. Akim, barudakna geus bariasa latihan. Tur sering tandang makalangan dina tiap even-even sa-Jawa Barat,” pokna Cucu Agus Hidayat.
Lain halna ceuk perwakilan pamilon, Ai Agustin siswa SMPN 1 Maniis (Juara 1 Rampak Putri). “Sim kuring ngarasa bungah parantos milu aub acara nu saperti kitu, poma geus nyumbangkeun kapinunjulan. Tapi henteu cekap kitu waé, ieu hasil karancagéan pihak sakola dina ektrakurikuler Silat,” pokna.
Ceuk Pelatih Silat, H. Akim, yén barudak SMPN 1 Maniis geus ngabiasakeun latihan tur barudakna tarangguh, teu bangga mun tiap aya even kagiatan nu saperti kitu, tingal maheutkeun barudak tandang makalangan.

UPTD SMPN 1 Maniis Pinunjul Jawara Umum Pasanggiri Ibing Silat
Disporaparbud 2019

Siswa-siswi SMPN 1 Maniis kapinunjulanana Pasanggiri Ibing Pencak Silat Tingkat SD sareng SMP salaku Juara Umum diantarana Juara 1 Rampak Putri ngawengku nami-namina : 1. Ai Agustin, 2. Neng Rahmawati, 3. Risa Andriani, 4. Maya Rosmayanti sarta 5.D. Irma Novyanti.
Juara 1 Rampak Putra ngawengku nami-namina : 1. Farhan Apian, 2. Dindin Muhidin, 3. M. Gandi Hamdani, 4. Endang Rukman Munandar sarta 5. Iqbal Linas. Juara 3 Ijen Putri ngawengku nami-namina : 1. Risa Andriani sarta 2. Ai Agustin. Juara Harapan 2 Tunggal Putri : Ai Agustin.
Acara éta dihadiran ku Kepala Disporaparbud, Sekdis, Kabid Disporaparbud, Ketua DPD IPSI Kabupatén Purwakarta (Yoyo Yahya), sarta Kepala SD katut SMP Se-Purwkarta.***



Subscribe to receive free email updates: