Fikmin # Bati Miheulaan #
Cilingcingcat badis anjing tutung buntut. Puringis pamajikan basa rék ngajuru jadi bangbaluh nu mahabu, sasat kakara rék boga turunan. Keur mah bongan sorangan getas harupateun; boga angkeuhan pédah sok babantu di juragan élf turta boga bébéné, tamat SMP hayang geura-geura rumahtangga.
“Tiupan heula! Béh téréh kaluar orokna,” ceuk indung beurang hariweusweus basa disusulan.
Teu talangké, lumpat tipaparétot, ninggalkeun ema paraji nu keur pépérén kénéh. Datang ka imah, pamajikan nu keur haharegungan didéngkakkeun laju ditiupan palawanganana.
“Lain ditiupan taeunna, Sujang! Embun-embunanana!” cenah basa blus, nangénan kuring keur kitu peta.
“Naon hubunganana, niup embun-embunan jeung rék ngajuru, Ma?” cekéng, panasaran.
“Tong loba tatanya! Mending geuwat ka dieukeun nyiruna,” pokna bari gura-giru nyampeurkeun pamajikan nu beuki pupuringisan. Tayohna dék sabroleun pisan.
Hing, kuring ngahinghing nuturkeun goarna utun inji, awahing ku bungah. Budak nu jadi bukti kaasih ayeuna geus gumelar bari lungsur-langsar.
“Budak nu dijieun méméh sah mah da sok babari, Sujang!”