WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Mutiara Islami : Sabar Teh Cahaya

السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه

أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ

بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم

SABAR TÉH CAHAYA


Ku Ani Herliani

Rosululloh midawuh,

"Sabar téh cahaya." (HR. Muslim)

Sabar téh cahaya. Célak-célakna janten pangbeberah manah saupami urang nuju nalangsa, bingung, atanapi kaweur. Sabar téh sipat anu kalintang mulyana, anu ngajantenkeun jiwa hiji Mu'min teteg. Sabar téh kalintang agungna dugi ka jalmi anu tiasa sabar ku Alloh bakal dipaparin pahala anu tanwates wangenan.

 قُلْ يَا عِبَادِ الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا رَبَّكُمْ ۚ لِلَّذِينَ أَحْسَنُوا فِي هَٰذِهِ الدُّنْيَا حَسَنَةٌ ۗ وَأَرْضُ اللَّهِ وَاسِعَةٌ ۗ إِنَّمَا يُوَفَّى الصَّابِرُونَ أَجْرَهُمْ بِغَيْرِ حِسَابٍ 

"Caritakeun : "Héy umat-umat-Kuring anu ariman, poma aranjeun kudu takwa ka Pangéran aranjeun." Jalma-jalma anu migawé pagawéan hadé di dunya bakal meunang kahadéan. Jeung bumi Alloh téh lega. Saéstuna ngan jalma-jalma anu salabar anu dibéré pahala tanwates wangenan pikeun maranéhna." (QS. Az-Zumar ayat 10)

Upami ku urang dilenyepan sabar téh aya 3 rupi, nyaéta:

1. Sabar kana musibah, cocobi, atanapi perkawis anu matak teu raos.

Musibah, cocobi, atanapi perkawis anu matak teu raos téh tiasa mangrupi teu damang, kakirangan harta banda, diteungteuinganan ku nu sanés, atanapi musibah anu mangrupi bencana alam. Hiji Mu'min anu sabar bakal kiat tur ihlas mayunanana.

2. Sabar waktos taat ka Alloh.

Pancén urang di dunya ti Alloh téh nyaéta ibadah. Kanggo ngalaksanakeun rupi-rupi ibadah mémang teu gampil, sapertos ibadah netepan pas dina waktos capé atanapi waktos tunduh, kantenan waktos badé ngalaksanakeun netepan tahajud, nuju raos tur tibra kulem kedah gugah. Kalihna ti éta anu kedah sabar téh dina ngalaksanakeun ibadah saum anu kedah nahan lapar, nahan hanaang, sareng nahan hawa napsu, ibadah milari élmu, ibadah sodakoh margi ngaraos lebar tur sieun sangsara upami harta bandana disodakohkeun, ibadah jihad, ogé ibadah waktos janten pamingpin. Upami teu sabar, tangtos urang moal kersa tur moal sanggem ngalaksanakeunana.

Perkawis sabarna hiji pamingpin, Alloh SWT midawuh,

 وَجَعَلْنَا مِنْهُمْ أَئِمَّةً يَهْدُونَ بِأَمْرِنَا لَمَّا صَبَرُوا ۖ وَكَانُوا بِآيَاتِنَا يُوقِنُونَ 

"Jeung Kuring ngajadikeun di antara maranéhna pamimgpin-pamingpin anu méré pituduh (ka nu dipingpinna) ku paréntah Kuring waktu maranéhna sabar. Jeung maranéhna yakin kana ayat-ayat Kuring." (QS. As-Sajdah ayat 24)

Perkawis kedah sabar dina milari élmu, sinerat dina Al-Qur'an ngeunaan Nabi Musa anu ngaraos hémeng kana paripolah Nabi Khaidir dina raraga masihan atikan ka Nabi Musa, dugi ka Nabi Khaidir ngawaler kana patarosan Nabi Musa.

 قَالَ إِنَّكَ لَنْ تَسْتَطِيعَ مَعِيَ صَبْرًا 

"(Nabi Khaidir) ngajawab, "Saéstuna anjeun moal sanggup sabar jeung kuring." (QS. Al-Kahfi ayat 67)

Nabi Khaidir nyarios wiréh Nabi Musa kedah sabar kana élmu anu katingal di Nabi Khaidir, jalaran teu sami sareng élmu nu nyampak di Nabi Musa.

3. Sabar kana paripolah dosa atanapi ma'siat.

Paripolah anu bakal ngabalukarkeun janten dosa atanapi ma'siat mémang sakapeung nampeu aya di payuneun urang. Upami urang teu sabar nahan gogodana panginten moal tiasa nolak tur ancrub kana éta dosa.

Upami hiji jalmi sabar tur kiat nebihan paripolah dosa sanaos nampeu pisan aya di payuneun, tangtos anjeunna bakal kénging kasaéan. Manawi émut hadits Nabi anu diriwayatkeun ku Bukhori sareng Muslim, anu nyarioskeun perkawis 7 golongan jalmi anu kénging iiuh di ahérat, diantawisna nyaéta hiji pamuda anu nolak ajakan istri geulis tur dipihurmat.

Wargi sadaya kaasih Alloh, ku sabar téh urang tiasa ngahontal rupi-rupi kasaéan. Diantawisna janten piunggul.

Alloh SWT midawuh,

 يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اصْبِرُوا وَصَابِرُوا وَرَابِطُوا وَاتَّقُوا اللَّهَ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُونَ 

"Héy jalma-jalma nu ariman, aranjeun kudu salabar jeung wewegkeun kasabaran aranjeun jeung kudu tetep waspada jeung aranjeun kudu takwa ka Alloh, supaya aranjeun jadi piunggul." (QS. An-Nisa ayat 200)

Hasil tina sabar ogé ku Alloh bakal dipaparin pahala anu langkung saé di ahérat.

مَا عِنْدَكُمْ يَنْفَد
ُ ۖ وَمَا عِنْدَ اللَّهِ بَاقٍ ۗ وَلَنَجْزِيَنَّ الَّذِينَ صَبَرُوا أَجْرَهُمْ بِأَحْسَنِ مَا كَانُوا يَعْمَلُونَ 

"Naon waé anu aya di anjeun bakal leungit, jeung naon waé anu aya di Alloh mah bakal langgeng. Jeung saéstuna Kuring bakal méré wawales ka jalma-jalma anu  salabar ku pahala anu leuwih hadé tibatan anu geus dipigawé ku maranéhna." (QS. An-Nahl ayat 96)

Mémang saupami urang mendak masalah, kantenan anu abot, karaosna eungap tur poék. Waktos urang ngeureuyeuh neraskeun deui hirup, lalampahan urang lir nuju aya di guha anu poék tur tebih. Di palih dinya sabar janten cahaya anu nyaangan manah urang dugi ka urang kiat mayunanana. Éta cahaya anu ngajagi supados urang tetep sumangat dina hirup, dugi ka urang tiasa mendak tungtungna, nyaéta kabagjaan.

Mugia urang kalebet jalmi anu kersa teras-terasan sabar dina mayunan rupi-rupi dodoja dina kahirupan. Mugia Alloh rido maparin rupi-rupi kasaéan ka urang kalebet kasaéan anu dipicangcam ku sadaya umat Muslim, nyaéta kabagjaan dunya ahérat.

آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن

وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه

Subscribe to receive free email updates: