Sakolebat Info : Dua Mobil Damkar Dibagéakeun ku Pawey Obor
Dibagéakeun
ku Pawey Obor
SUKATANI – Warta Sunda Onliné,
M
|
aleman
Taun Baru Islam 1441 Hijriyah dua mobil Dinas Pemadam Kebakaran dan
Penanggulangan Bencana (DPKPB) Kabupatén Purwakarta, tadi jam 19.45 WIB ngaliwat
dipatalimarga Désa Cianting Utara nu keur acara Pawei Obor. Antukna aleutan nu
pawei obor éta, pihak panatacalagara sigap ngamankeun patalimarga pikeun mobil DPKPB
ngarah ngaliwatna lancar. Intina mah ngahelakeun mobil damkar
Lantaran ari mobil damkar mah
penting saenggalna dugi kalokasi. Sok sanajan patalimarga macet, tapi pihak désa,
katut, pulisi tur babinsa sigap keur ngamankeun mobil damkar luwat-liwat. Kaleresan
Pamilon Pawei obor di sa-désa Cianting Utara
ngaleut nganggo pembatas rapia, janten tiasa dikomando sangkan nyarisi heula. Pon
kitu deui kandaraan mobil-motor ogé dinetralisir sangkan mobil damkar ngaliwat.
Kitu ditétélakeun ku Sekdes Cianting Utara, Iyan Sopyan ka Warta Sunda Onliné
maleman taun baru hijriah.
Dina hal ieu mah, pihak Warta
Sunda Onliné (WSO)nuturkeun dua mobil ti tukangeun bari jeung dibaturan
budak pangais bungsu, nu tadina mah hayang ningali pawey obor téa, tapi teu
kabujeng nongton. Malah Cép Sefa (budak pangais bungsu) hoyong leuwih apal
pihak damkar dina naklukeun seuneu nu kahuruan. “Nya, sakalian ngaliput
nuturkeun dua mobil DPKPB.”
Dina hal
ieu mah, yén mobil damkar ti Posko Pléréd jeung Kantor Cipaisan DPKPB muru ka TKP
di Désa Pasirmunjul Kecamatan Sukatani. Tapi basa rék ka TKP, mobil damkar éta téh
teu bisa liwat, alatan jalan ka lokasi di leuweung patalimarga teu bisa asup,
kulantaran jalanna gawir tur sempit ngan ukur keur kandaraan roda dua.
Mobil
Damkar teu bisa lewat, sim kuring jeung nu jadi budak muru ka TKP di Kampung
Pasir Katomas Désa Pasirmunjul, Kecamatan Sukatani. Dugi ka TKP ruhay seuneu
geus katémbong, malah mandar rébuan hektar tangkal kawung ngan kari areng jeung
ruhay.
Di TKP, WSO kabeneran
panggih jeung dua urang RT nu keur mantau kaayaan kahuruan dilokasi leuweung Pasir
Katomas Désa Pasirmunjul. Dina katerangannana Ketua RT.06 Karsoma (47) sarta Ketua
RT.05 Parisin (35), yén kajadian kahuruan téh ti jam lima soré ka magribkeun, inyana
melang seuneu nu ngalentab tangkal kawung jeung injuk nu babari hurung katut jukut
garing bisa nyebar ka puluhan imah warga sa-RW.02.
Dina kasempetan
éta ogé, pihak Dinas Pemadam Kebakaran dan Penanggulangan Bencana Kabupatén
Purwakarta, Kasubag TU, KR 2 Poswil Pléréd, Tatang Rachmat via WhatsApp ka WSO,
ngahaminan ku teu biasa asup ka TKP. Tapi 5 urang anggota KR 2 Poswil Pléréd ngaliwatan
Danru Aa Jajang, Deni Permana (Driver fire Fither), Saéful, Rian & Ivan.
Dibantos KR 05 Regu Mako Pusat
diantarana : Ohid Rohidin (Driver KR 05), Cahaya Libia Srikandi, Yoga, Rian
Gunawan, Hamdani, Yoga sareng Budi.
“Tarékah
jeung patéah aranjeunna (anggota) ngadamel penyekatan
legana dua métér sangkan seuneu teu nyebar ka tempat lainkomo nepika ka
imah para warga. Samalah tempat dilokasi éta téh kaasup aman,” pokna Tatang.
Dina
kasempetan éta ogé, ngaliwatan via WhatsApp, Kepala Dinas Pemadam Kebakaran dan
Penanggulangan Bencana Kabupatén Purwakarta, Wahyu Wibisono ngabenerkeun
kahuruan éta. Samalah tilu bulan ahir ieu téh, yén di Purwakarta sering
kahuruan lahan perkebunan jeung leuweung undak nepika 455.951 hektare. Ku kituna,
“inyana peupeujeuh ka sakumna warga pikeun hati-hati sangkan tong miceun
puntung rokok sembarangan.” Pokna.***