WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

726 Ecobreack Tanda Kebangkitan Nasional di SMPN 1 Purwakarta

 726 Ecobreack Tanda Kebangkitan Nasional di SMPN 1 Purwakarta



PURWAKARTA - www.wartasunda.id,-

Dina raraga Hari Kebangkitan Nasional taun ayeuna, nu ngabedakeun jeung instansi terkait hususna Widang atikan, tangtu boga karep keur ngareuah-reuahna.

Di SMPN 1 Purwakarta nu dipupuhuan H. Patoni, M.Pd, MM minangka momentum éta téh jadi kebangkitan rengrengan juru atik kalih peserta didik, pikeun ngareuah-reuah. Malah mandar nepika ngayakeun pintonan kreasi seni ku mangrupa kolaborasi antara siswa ngabaris di buruan sakola bari jeung ngabentuk hurup "SPENSA HEBAT" nembongkeun Ecobreack ku mangrupa botol air mineral.

Dina kasempetan éta kepala SMPN 1 Purwakarta, H. Patoni, M.Pd, MM, yén peserta didik, lain saukur mawa ecobreack, tapi saméméhna barudak dibewarakeun heula ku wali kelasna masing-masing, pikeun ngolah ecobreack sabulan katukang. Nalika dina waktuna, nya ayeuna miéling poé kebangkitan nasional, némbongkeun ngolah runtah nu bahanna ku ngamangpaatkeun lingkungan di imahna sewang-sewangan.

Tina jumlah siswa 726 urang, tiap siswana ngumpulkeun limbah palastik 0,8 kg, mun dijumlahkeum aya kana 580 kwintal limbah lingkungan dimangpaatkeun ku pihak sakola pikeun dijadikeun bedengan sarta korsi tamu.

Tim Pengembang TdBA, Nengsih, S. Pd, Soleh Tulhayat, S.Pd, sareng Yogi Mahendra, S. Pd. “Aranjeunna nguatan program kearifan lokal 7 Poe Atikan Istimewa téa ka peserta didik, nya ku cara ngamangpaatkeun limbah plastik nu disebut Ecobreack,” pokna Kepala SMPN 1 Purwakarta.

Acara nu seperti ieu téh gawé bareng Bidang Kesiswaan salaku penanggungjawabna nyaéta H. Dani Rohmana, S. Pd jeung Ria Rosliana.

Lian ti eta, Inyana ogé, ngajentrekeun kulumangsungna kagiatan nu saperti kitu téh nyoko kana 3 Konsep diantarana konsep “Spensa Hebat, Hari Kebangkitan Nasional, sareng Tatanenan di Bale Atikan”.

Ceuk Koordinator acara, Denden Heru Hanafiah ka www.wartasunda.id , “Tujuan sakola ka peserta didik ngokolakeun ecobreack éta, Bidang Seni Budaya & Prakarya penanggungjawabna Dauda, Agus Sugianto sarta Gilda Ghaida aya dina mata pelajaran prakarya.

Luyu jeung mata pelajaran prakarya, para siswa na antusias nyarieun Ecobreack nu dinahkodaan ku Ketua OSIS, SMPN 1 Purwakarta, Fachry Darmawan jeung wali kelasna. Hasil Ecobreack eta nepika ka kumpul  per siswa 0,8 kg.

Tiap siswa di imahna marawa Ecobreack botol aqua ukuran 0.8 kg nu isina runtah-runtah plastik seperti cangkang kopi, keresek jeung aqua gelas di asupkeun kana botol eta.

Samemehna barudak geus aya bewara ti wali kelasna masing-masing. Pikun ngumpul keun limbah plastik ditampung dina botol.

Sedengkeun ceuk perwakilan siswa Fachry Darmawan (Ketua OSIS SMPN 1 Purwakarta), Salaku wawakil siswa na ngeces keun tiap siswa samemehna ku wali kelas masing-masing dipiwarang ngumpul keun limbah plastik, komo nepika ngamangpaatkeun runtah limbah lingkungan tatanggana di imah na masing-masing.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "726 Ecobreack Tanda Kebangkitan Nasional di SMPN 1 Purwakarta"

Posting Komentar