Carpon Misteri : JURIG KAMAR CAI (Bagian.4)
Harita poé minggu. Kuring masih rapet dina kasur, neuteup
ponsél nu ruksak, mikiran jurig nu aya dina video. Panon poé geus nyorot kana
jandéla. Hudang, mareuman lampu, soloyong ka dapur. Luak-lieuk. Sanggeus
mareuman lampu dapur, sup ka kamar cai. Sibeungeut.
Ngawanikeun manéh masak di dapur,
ngagoréng sangu diendogan. Ngagulah-galéh, panon manteng kana katél, sabab
lamun nempo ka ditu-ka dieu inggis kawénéhan. Satengah asak goréng sangu dijait
kana piring, geus kitu nyikeun cai kana gelas. Rigidig dibawa ka tengah imah,
gék dina korsi. Hahhéhhoh. Bari lalajo TV, kuring mumuluk.
Keur anteng mumuluk, aya mobil
kijang eureun di hareup, gancang kuring mérésan piring. Mapagkeun nu datang.
Hiji awéwé saumuran kuring turun tina mobil, buukna sapunduk, rupana geulis
jiga artis.
“Muhun ieu bumina Kang Dias?”
pokna, bari imut.
“Leres. Abdi Dias. Néng Noki
nya?” kuring ngajak sasalaman.
“Sumuhun,” masih pataréma
leungeun. “Hapé Akang teu aktip nya?”
“Reksak...tibeubeut.”
“Oh, kitu?”
Leungeun kuring jeung leungeun
manéhna lésot. Kuring ngajak manéhna ka jero imah. Leungeunna nu lemes karasa
kénéh.
“Badé teras ningalan?”
Manéhna unggeuk. Leuleumpangan.
Kuring nunuturkeun. Lok ka kamar tamu, lok kapur, lok kamar cai.
“Raoseun...baleresih,” pokna. Leumpang deui ka buruan tukang, “Palih dituna
gawir?”
“Muhun. Nanging da aman.”
Kuring jeung manéhna ka tengah
imah deui. Gék dariuk.
“Badé ngaleueut naon?”
“Hatur nuhun...moal lami.”
Harita kénéh manéhna ngaduitan
imah, kuring ogé langsung mikeun sertipikat.
“Badé dilinggihan iraha?” tanya
kuring.
“Upami tiasa mah hoyong ayeuna da
bumi tilas abdi tos badé ditempatan ku nu sanés.”
“Oh, kitu?” Kuring kudu buru-buru
indit. “Mangga, abdi gé da badé teras ngalih.”
“Akang...” neuteup daria. “Abdi asa rada keueung. Ulah
waka kamamana nya, réncangan heula di dieu sawengi mah. Tiasa teu?”
“Lah...teu aya pikeueungeun
ieuh.”
Manéhna luak-lieuk, melong deui
ka kuring.
“Akang badé mérésan anggoan.” Sup
ka kamar. Ngasup-ngasupkeun pakéan. Kuring ngalieuk ka tukang, manéhna nyampak
keur ngajanteng di lawang. “Moal aya nanaon,” ceuk kuring, ngasupkeun baju
hiji-hiji kana koper gedé. “Akang Mangtaun-taun nyalira, haneuteun wé. Teu aya
pikeueungeun.”
“Oh, kitu?” Noki ngaléos. Sora
léngkahna kadéngé muru ka dapur.
Sangkan téréh indit, kuring
buru-buru ngasupkeun baju. Pakéan geus arasup kabéh. Bérés, jung nangtung.
Nyéréd koper kaluar. “Néng... Akang mios ayeuna...!” ngageroan nu boga imah.
Taya nu némbalan. “Néng Noki...?” weléh taya jawaban. Sugan keur di cai, kuring
leumpang muru ka kamar cai, ngaliwatan dapur.
Nyampak aya nu keur cindekul dina
sisi témbok deukeut panto. Kuring ngarénjag. Sihoréng Noki keur diuk bari
nyarandé, “N-Nuju naon?”
Leungeunna nunjuk ka kamar cai
bari ngadégdég.
Lalaunan kuring ngarahkeun
panénjo ka lebah kamar cai. Nyampak...
HANCA