SASAKALA MAUNG PANJALU (BAG-1)
Ku : Akurlah II
K
|
ocapkeun
di Karajaan Majapait, Prabu Brawijaya anu ngaheuyeuk éta nagara, keur anteng
neuteup bulan purnama. Nginget-nginget kajadian mangsa ka tukang, kajadian anu
ngabengkahkeun dua karajaan, Karajaan Majapait jeung Karajaan Pajajaran.
Kajadianana mémang geus lila pisan, geus kaliwat sapuluh kitu taun ka tukang.
Nyaéta kajadian anu katelah Perang Bubat.
Timbul
niat anu luhung dina manahna. Niat pikeun nyambungkeun deui duduluran, anu
kungsi kapegat ku rasa ceuceub. Sabab dihenteu-henteu ogé, upama dijujut ka
puhu mah, Raja Majapait jeung Raja Pajajaran téh, ti karuhunna mah tunggal
sakocoran. Carana mah bisa ngaliwatan pertikahan. Kabeneran Prabu Brawijaya
lalagasan kénéh.
Sang
Prabu Brawijaya énggal nyaur Patih. Barabat atuh nyaritakeun pamaksudanana, nyaéta
ngalamar putri Karajaan Pajajaran, anu geulis Putri Kencana Rarang. Tujuanana,
taya lian pikeun nyambungkeun tali silaturahmi anu kungsi pegat pisan.
“Kasalahan karuhun urang baheula,henteu hadé lamun akibatna terus dikukut,
sarta henteu perlu diwariskeun ka anak-incu.” Patih sapuk kana pamaksudan Sang
Prabu.
Poé éta
kénéh Patih tatan-tatan, ngumpulkeun balad sarta nyadiakeun bekel, pikeun indit
ngajugjug ka Karajaan Pajajaran. Éta rombongan diluluguan ku hiji Mantri. Dina
waktu anu geus ditangtukeun,éta rombongan utusan Majapait téh, indit
ninggalkeun nagarana maju ngulon. Lalampahan anu henteu gampang, lantaran
nyorang leuweung geledegan.
Kacaturkeun
éta rombongan utusan téh, geus tepi baé ka puseur dayeuh Nagara Pajajaran, anu
perenahna di Dayeuh Kawali. Utusan Majapait meunang pangbagéa anu hadé, boh ti
rahayat Pajajaran, boh ti Raja Pajajaran. Mantri anu jadi kokolot utusan
Majapait, masrahkeun surat ti Prabu Brawijaya, unggelna seja ngalamar Putri
Kencana Rarang, bari sakantenan maheutkeun deui tali silaturahmi, antara
Karajaan Majapait jeung Pajajaran.
Raja
Pajajaran nampi éta lamaran, ngingetkeun kana niat luhung Raja Majapait. Ajakan
pikeun hirup sauyunan, mémang kudu ditarima kalawan jembar. Manakomo, Sang
Prabu Brawijaya téh yuswana teu sabaraha géséh sareng Nyi Putri. Tumut kana
kapalay sepuhna, Nyi Putri ogé kersa dipihukum ku Raja Majapait. Malah harita
kénéh ogé ditangtukeun waktuna. Wanci anu mustari pikeun jatukrami.
Dina
waktu anu geus ditangtukeun, Sang Prabu Brawijaya sareng rombonganana, angkat
ka Pajajaran kanggo réndéngan. Sadugina ka Pajajaran, teras baé diréndéngankeun
nyandingkeun kembang Pajajaran Kencana Rarang. Munggah nurub cupu, nu kasép
sareng nu geulis. Der atuh ngayakeun pésta kacida raména. Pésta nagara tujuh
poé tujuh peuting. Sagala tatabeuhan ngageder taya reureuhna, lir anu
némbongkeun kabungah nyacapkeun kasono.
Sanggeus
réngsé pésta jeung sukan-sukan, Putri Kencana Rarang dicandak ka Majapait.
Ngiring ka ingkang carogé ngaheuyeuk dayeuh. Rumah tanggana éstuning reugreug
pageuh, ditilaman ku kanyaah dipupuk ku kadeudeuh. Sawatara bulan ti harita
Putri Kencana Rarang wawartos ka carogéna yén anjeunna ngandeg. Sang Prabu
Brawijaya kalintang suka manahna.
Nalika
bobotna badé majeng ka salapan sasih, bet jorojoy wé dina manah Nyi Putri, aya
kapalay nyelang mulih ka Pajajaran, ku margi palay babar di bali geusanna
ngajadi, disakaikeun ku ibu-ramana katut kadang wargi. Kawitna mah ku Sang
Prabu teu kawidian. Komo deui Nyi Putri dina kaayaan bobot, anu ceuk itungan
indung beurang mah, moal dugi ka sasasih ogé orok baris medal.
Nanging
ku margi Nyi Putri keukeuh, sareng nyariosna dibarung ku merebey mili, ahirna
mah Sang Prabu téh léah manahna. “Mangga atuh ari Rai maksa angkat mah. Mung
hapunten, Engkang teu tiasa ngajajapkeun, ku margi nuju pameng mayunan nagara,”
saur Sang Prabu Brawijaya. Anjeunna ngutus hiji Mantri kapetengan, kanggo
ngajajapkeun Nyi Putri ka Pajajaran.
Sanggeus
bekel katut parapangiringna sadia, bring atuh rombongan Putri Kencana Rarang
angkat ti Majapait seja ngajugjug ka Pajajaran. Angkat nyacat nyorang leuweung
geledegan, mipir-mipir pasir mapay-mapay jungkrang. Nyi Putri angkatna ditandu
kana joli. Diaping ku Mantri katut para ponggawa. Sanaos kedah nyorang jalan
rarumpil, Nyi Putri katingal paromanna bear marahmay, ku margi badé tepang
sareng ibu-ramana.
Sanggeus
sababaraha puluh poé lumampah, rombongan Nyi Putri anjog ka hiji tempat, di
suku Gunung Sawal, kuloneun Ciamis ayeuna. Nyi Putri ngaraos nahnay sareng
lalesu. Sering karaos patuangan sapertos nu badé babar. Terus baé pupuhu
rombongan téh paparéntah, supaya rombongan eureun di dinya, sarta nyieun
sasaungan pikeun Nyi Putri reureuh, jeung bisi enya deuih Nyi Putri babar di
dinya.
Mantri
pupuhu rombongan paparéntah deui, supaya ngadegkeun wawangunan anu tohaga.
Sabab Ki Mantri ningali galagat Nyi Putri, kana bakal lami reureuhna di dinya.
Pikeun nyieun éta wawangunan téa, loba tangkal kai anu rubuh ditaluaran, anu ku
urang wétan mah disebutna “tumbang”. Éta tempat dingaranan baé Panumbangan.
Kiwari ngaran kacamatan di Ciamis kulon.
Henteu
lepat tina panyangka sadayana, teu lami ti harita Nyi Putri ngalahirkeun.
Orokna kembar sapasang: istri-pameget. Anu mimiti medal téh orok anu pameget,
anu matak dianggap baé rakana. Ari anu istri, dianggap raina. Ari balina
dilebetkeun kana pendil, sarta dikubur di handapeun tangkal kai, kai badag
sarta dahanna ngarampidak.
Saparantos
Nyi Putri salirana jagjag, rombongan neruskeun deui lalampahanana, ngajugjug ka
Kawali, puseur dayeuh Pajajaran. Sababaraha poé ti harita rombongan geus tepi.
Nyi Putri dibagéakeun ku ibu-ramana, dibarung ku kabungah anu taya hinggana.
Komo deui ieu mulihna bari nyandak murangkalih, kembar sapasang anu kasép jeung
geulis, éstu mulus sarta taya kuciwana.
Nyi Putri
nyaritakeun lalampahanana, Ti kawit angkat ti Majapait dugi ka babarna di
Panumbangan. Mung éta murangkalih anu dua téa, teu acan dipaparin jenengan.
Saparantos diétang sagala rupina, éta dua murangkalih dipaparin jenengan ku
éyangna, nyaéta Raja Pajajaran. Anu pameget jenenganana Bongbang Rarang, ari
anu istri jenenganana Bongbang Kancana.
Éta
murangkalih dirorok ku éyangna, kitu deui ibuna, Kencana Rarang, henteu mulih
deui ka carogéna di Majapait, nyaéta ka Sang Prabu Brawijaya téa. Éta dua
murangkalih morontod pisan. Beuki gedé téh beuki témbong cahayana. Bongbang
Rarang kasép lir Déwa Kamajaya. Bongbang Kancana geulis lir Déwi Ratih. Kacida
pisan dipikanyaahna ku nu jadi éyang, kawantu putu ti putra istri kameumeut.
Tapi nepi
ka umurna nincak rumaja, éta barudak téh henteu nyahoeun bapa, lantaran kacida
dibunianana ku akina. Kitu deui sakabéh pangeusi karaton, diwanti-wanti ulah
aya anu nyaritakeun bapana éta barudak anu aya di Majapait. Lain ku nanaon,
akina kacida risina, sieun incu anu kacida dipikanyaahna, indit nepungan bapana
di Majapait, sasatna mah lunta ti Karajaan Pajajaran.
Bongbang
Rarang jeung Bongbang Kancana, panasaran hayang nyaho bapana anu saéstu. Unggal
nanyakeun ka sing saha baé, jawabanana sarua, bapana téh Raja Pajajaran. Éta
jawaban henteu nyugemakeun haténa. Sabab ibuna ka Raja Pajajaran téh nyebot
Ama, meureun ka maranéhna téh perenah incu. Bongbang Rarang jeung Bongbang
Kancana, beuki gedé téh beuki tambah panasaran baé.
Nepi ka
hiji mangsa mah, éta dua budak téh ngadesek hiji emban, emban kapercayaan ibuna
ti bubudak, supaya ngabéjakeun bapana anu sajati. Ku lantaran terus diguliksek,
ditanya ku duaan méh unggal usik. Ahirna éta emban téh éléh déét. Pok baé atuh
ngomong halon, “Rama Radén téh anu saleresna mah, Sang Prabu Brawijaya Raja
Majapait.”
Ayeuna Bongbang
Rarang nyahoeun bapana. Tangtu wé éta hal téh matak kagét Sang Raja. Ditanya
saha anu méré nyaho? Bongbang Rarang, kitu deui Bongbang Kancana, henteu daék
betus lantaran inget kana jangjina, moal ngabéjakeun jalma anu méré nyahona.
Ngan ti harita Bongbang Rarang terus ngurihit, sangkan akina ngidinan pikeun
indit ka Majapait. Tapi Raja Pajajaran henteu ngidinan baé, lantaran melang
bisi kuma onam di jalanna.
(Hanca)