WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijzah Alumni???

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijazah Alumni??? PURWAKARTA - www.wartasunda.id     "Larangan pamaréntah ka l...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI MI SUKATANI : KAGIATAN UPACARA BENDERA Keur Siswa Kelas-I Latihan Disiplin


KAGIATAN UPACARA BENDERA
Keur Siswa Kelas-I Latihan Disiplin
 Sukatani – Warta Sunda Onliné,
D
ua minggu geus lumangsung taun ajaran baru 2019/2020 di MI Al-Muhajirin Kampus 4
Purwakarta. Poé Senen, (29/7) nu biasana sakola Madrasah Ibtidaiyah ngalaksanakeun Upacara Bendera ti mimiti kelas 1-6 para siswa ngumpul dilapangan bari jeung sikep sempurna kebangsaan keur ngabandungan peupeujeuh nu jadi pembina.
Katingal ti kajauhan, yén siswa MI kelas 1 dina sikep sempurna can katémbong, alatan para siswa perlu rojongan ti para wali kelasna sewang-sewangan.
Para Siswa MI Al-Muhajirin Kampus 4, yén jumlah kelas-1 na nepika 4 kelasna, malah ti mimiti kelas A  nepika D. Per kelas rata-rata antara 20 – 30 urangna.
Para siswa kelas 1 ieu téh, ma’lum masih kénéh perhatian ti wali kelas di sakola, tangtu lambat-launnna ogé sikep sempurna tur disiplin.
Pihak orang tua muridna ogé peryogi ngabantos dibumina keur ngadidik murangkalih. Apanan di bumi mah para orang tua siswa langkung seur waktosna.
Niténan nu saperti kitu téh, peryogi perhatosan nu serieus, minangka PR ka para siswa, cukang lantaran peran orang tua dina mapagahan satiasa-tiasa orang tua murid.***

Subscribe to receive free email updates: