WARTA PUSTAKA SUNDA : ZONASI
PUSTAKA
SUNDA – Warta Sunda Onliné.
A
|
yeuna nuju usum ngagujrudkeun sistem énggal kanggo seleksi
lebet sakola SMP/SMA nu disebat 'zonasi'. Sae panginten ari pamaksadanna mah,
nanging numutkeun sim kuring mah sistem eta teh asa "ngawang-ngawang"
upami diterapkeun ayeuna di Indonésia, duka upami di Finlandia mah. Kadinya waé
pan nuduhkeuna téh menteri Muhajir mah.
Upami
konteksna "zonasi di Jakarta wungkul", panginten tiasa dilarapkeun da
SEBARAN SAKOLANA tos relatif merata sareng lumayan seueur: Nu caket, nu rada
tebih, nu pinter, nu prasejahtera seueur nu katampung.
Upami ruang
lingkupna 'luar Jakarta', tong tebih-tebih, sapertos Kabupatén Bandung, pan
sebaran sakolana teu rata. Urang Bandung kalér ti kapungkur ngandelkeun sakola
SMPN/SMAN negeri nu aya di kota, da caket. Ari nu gaduh Kabupatén, duka dimana
nu pangcaketna. Numutkeun Google map mah, SMPN kagungan kabupatén pangcaketna
aya di Antapani sareng Cileunyi. Pemda Kabupatén Bandung duka aya rencana duka
henteu kanggo ngabangun sakola ditatar kalér. Bayangkeun wé, budak SMP ti Taman
IR Juanda ka Cileunyi, paéh mantén di jalan atuh saméméh nepi. Éta gé mun
katarima.
Antukna,
barudak nu parinter sareng nu 'rada' parinter siga nu dipaksa ditakdirkeun
kedah janten siswa sakola swasta. Da sanaos aya porsi 5% ogé, daya tampung
sakolana terbatas pan. Akibatna karunya ka barudak nu tos toh-tohan diajar
supados NEMna ageung, éléh ku barudak nu nyéépkeun waktosna maén game onliné
PUBG jeung sajabana. Barudak baong tur males tiasa sakola mirah dibiayaan
nagara. Ari barudak bageur harepan bangsa nu garaduh rencana jelas, kalahka
disilih ku nu teu gaduh rencana serius, nu ukur hoyong nyakuan ijazah SMA jang
modal ngalamar alakadarna. Dimana prinsip "reward and punishment"?
Teu adil pan. Taun payun mah gampil upami hoyong katampi di SMP/SMA negeri téh:
Ngontrak we caket sakola, teras ngalih
KK. tumetep mah dimana wé nu penting KK ngalih. Budakna gé, keun wé ulin waé
ogé, keun we maén game onliné terus ge. Nu penting KK aya di radius kurang ti
sakilometer ti sakola. Pasti katarima.
Muhun, adilna
mah sadayana disubsidi, nanging ngémutkeun kamampu pamaréntah, nu disubsidi
dipilihan pan. Tah teu adilna téh dina masalah milihna, barudak nu tebih ti
sakola "teu dipasihan kasempetan kanggo tarung makalangan/BERKOMPETISI
sacara fair ngaraih sakola negeri. Siswa nu tebih sapertos tos
di'fait-acompli', dikhususkeun kedah janten siswa swasta. Leuheung upami sakola
swasta nu waragadna kahontal aya di wewengkon maranéhna, upami teu aya kumaha?
Panginten kolotna ge moal tiasa deui ngabongbolongan kieu, "Jang, hidep
diajar nu rajin nya, engké ogé dibiayaan ku pamaréntah mun junun mah."
Menteri nu
hiji éta mah gawéna ngawang-ngawang wé ti mimiti diangkat. Awalna gebrakan
'full day school' ayeuna zonasi. Punten murang-maring di dieu. Karunya wé ka
barudak di lembur maneuh nu nuju sarumanget diajar tapi teu tiasa lebet ka
sakola negeri sareng teu mampu lebet ka swasta, kawon ku nu tukang mabal, nu
kacanduan PUBG nu bumina caraket ka sakola negeri. Pami kieu teras mah, "Gone are the days of the glorious story of
poor village kids becoming successful due to cheap education". Punten
nginggris, supados kerén. "Moal aya deui dongéng urang kampung bau lisung
tiasa sukses janten pejabat lantaran sakola junun tur mirah..."
Sok tah
karomenan, ku urang kampung, ku urang dayeuh. Kumaha tah?
Kintunan ti
Ganda – Pustaka Sunda
0 Response to "WARTA PUSTAKA SUNDA : ZONASI"
Posting Komentar