WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

BREAKING NEWS : Kuota Calon Jama’ah Haji Purwakarta 740 Urang Dibagi 2 Kloter (10 & 42)


Kuota Calon Jama’ah Haji Purwakarta 740 Urang
Dibagi 2 Kloter (10 & 42)
 
Calon Jama’ah Haji Kabupatén Purwakarta ku pihak Arab Saudi kabagén kuotana 760 urang. Dumasar kana kuota nu geus ditangtoskeun. Tapi dina waktosna mah ngan ukur 740 urang.

WARTA TI KEMENAG – Warta Sunda Onliné,
404
calon jama’ah haji taun 2019 kloter ka-10, poé tadi (Senen, 8 Juli 2019) sacara langsung dileupas ku Bupati Purwakarta, Hj. Anne Ratna Mustika di mesjid Tajug Gedé Cilodong Bungursari Purwakarta.
Dina hal ieu mah rombongan jama’ah haji éta ngumpul di Mesjid Tajug Gedé Cilodong Kecamatan Bungursari Purwakarta.

Tina data nu dikumpulkeun ku Warta Sunda Onliné, yén jumlah calon jama’ah haji taun 2018 téh nu tadina jumlahna 760 urang ayeuna 740 urang, alatan nu ngantunkeun jeung nu teu damang parna katut ngabatalkeun. Malah dibagi dua kloter. Sedengkeun wincikan kloterna, nyaéta kloter 10 jeung kloter 42.
Tina kloter 10 jumlah nu rék miang téh calon jama’ah haji 401 urang, petugas 6 urang sarta PPHD saurang nu jumlahna 408 urang, ngawengku lalaki 181 urang, awéwé 221 urang. Malah mangkatna dileupas langsung ku Bupati Hj. Anne Ratna Mustika jam 14.00 dugika 15.00 WIB di Tajug Gedé Cilodong jam 15.30 WIB, poé Senen, (8/7). Malah mandar direncanakeun dugika Asrama Haji jam 19.30 WIB, ping 19 Juli 2019 kakara ka Bandara Soekarno-Hatta jam 13.30 WIB tur take-off naék pesawat jam 18.50 WIB. Salajengna jama’ah haji kloter 10 mulang ti Jeddah ka Indonésia ping 20 Agustus 2019 mendarat jam 03.35 WIB.
Sedengkeun calon jama’ah haji Kloter 42 nu jumlahna 356 urang, ari pemberangkatanana ping 19 Juli 2019 di Tajug Gedé Cilodong ngumpul jam 02.00 WIB, pemberangkatan ka Asrama Haji jam 03.00 WIB. Salajengna ditarima di Asrama Haji jam 05.05 WIB, lebet ka bandara jam 23.00 WIB, ping 20 Juli 2019 bari jeung take-offf jam 04.05 WIB. Saterasna jama’ah haji kloter 42 mulang ti Jeddah ka Indonésia ping 30 Agustus 2019 mendarat jam 22.45 WIB.
Para Jama’ah Haji Rombongan ti Kabupatén Purwakarta mah tina berangkat jeung mulang hajian téh dijajap nganggo jemputan Pemda Purwakarta sapert taun-taun katukang.
Sedengkeun dina biantarana ibu Bupati Purwakarta, Hj. Anne Ratna Mustika, pihakna neda hapunten yén dina pelayanan di Mesjid Tajug Gedé Cilodong teu acan tiasa sakumaha mistina, alatan nuju diwangun mesjidna sangka refresentatif. Pon kitu deui ngajurung laku ka para calon jama’ah haji sing dipaparin sehat tur lancar. Malahan tiasa janten haji mabrur-mabruroh. (Sumber ti Setda Purwakarta & Kemenag Purwakarta).
Tina pantauan redaksi, yén katingal Bapa Haétami (58) sareng garwana Nia Eka Kurniawati (43) katut Ketua Pondok Pesantren Assalaf, Andul Mujib atawa nu biasa disebat Mang Adun ku para santrina, ka Warta Sunda Onliné, neda pidu’ana sangkan dipasihan kasehatan tur kalancaran dina ngalaksanakeun syarat Bab Haji.
Kajaba ti éta, pihak PD II PGRI parantos ngaberangkatkeun anggota PGRI di tiap cabang nu jumlahna 55 urang. Saperti halna Pa Agus Komar (Kepala Sekolah Manten di Kecamatan Campaka). Kecamatan Babakan Cikao 2 urang (Haérudin S Kepala SMPN 1 Babakancikao sarta Tetet Nurcahyani). Kecamatan Sukatani 3 urang (Euis Wihanah, S.Pd guru SDN 1 Sukatani, Kokom Komala Nengsih, S.Pd guru SDN 1 Tajursindang sarta Martini guru SMPN 1 Sukatani). Kecamatan Jatiluhur 6 urang (Entris Sutrisno, S.Pd Kepala SDN 3 Kembangkuning, Rostiamah, S.Pd Kepala SDN  Cisalada, Daryanto guru SD Tantina, Teti Kurniati, S.Pd guru SDN 4 Cikao, Ahmad guru MTs Al-Huda sarta Leli Isnaéni, S.Pd guru SDN 2 Bunder). Kecamatan Maniis 5 urang (Nurdin, S.Pd guru SDN Ciati, Suaidah guru SDN 1 Gunungkarung, Adé Nurjanah guru SDN Cijati, Sair Apiudin guru SMPN Satap Tegaldatar sarta Karim, S.Pd Pengawas SD). Kecamatan Pasawahan 4 urang (Pipih Sopiah, S.Pd Kepala SDN 2 Margasari, Eti Susilawati, S.Pd guru SDN Sawah Kulon, Heti Nurhayati, S.Pd guru SDN Sawah Kulon sarta Jalaludin guru PAI SDN 1 Pasawahan). Sedengkeun nu lainna teu kasebatkeun, alatan teu nampi data ka WSO.***Anto S

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "BREAKING NEWS : Kuota Calon Jama’ah Haji Purwakarta 740 Urang Dibagi 2 Kloter (10 & 42)"

Posting Komentar