WARTA SOSIAL TI GARUT : Ma Emi, 121 Taun Stake Holder nu Milu Merhatikeun
Stake Holder nu
Milu Merhatikeun
WARTA SOSIAL TI
GARUT – Warta Sunda Onliné,
Assalamualaikum
Wr. Wb. "Jejak Karuhun"
D
|
ina
raraga silaturahmi ogé ngagali potensi nu aya, poma keur ngawangun tina aspek budaya,
seni katut wisata di daérah Garut, umumna di daérah Kampung Adat Papandak, sim
kuring A.Anton Galuma di sarengan ku salasaurang nonoman Kampung Adat Papandak,
mang Wawan Emon.
Nalika ngadongdon ka éta
kampung, ari pas ngalengkah ka tempat nu dituju nyaéta ka Kampung Adat Papandak.
Di Kampung Baru Désa Sukamenak Kecamatan Wanaraja. Sim kuring ningal ema-ema nu
geus kolot umurna aya kana 121 taun. Malah mandar ningali éta pameunteu
salasaurang ema nu nyicingan imah nu ukurannana 2 x 2,5 métér, kajaba imahna
teu layak huni nu perlu perhatian ti pihak pamaréntah tina aspek sosial.

Nini geus teu daya upaya pikeun
nyumponan bubutuh sandang, pangan tur papan. Tapi masih kénéh sumanget dina umur
cetuk huis tur dipanangkeun umur ku Alloh SWT. Keur mah kaasup manusa langka
dina umur 121 taun perlu perhatian ti staké holder.

Rezeki ti para pamaos
ngarupakeun pangbagéa pikeun “Jejak Karuhun” nu masih aya kénéh di kieuna, ku
cara perhatian para pamaos pikeun kalumangsungan hirupna. Pihak na miharep ka
pamaréntah tiasa merhatikeun anu daria.*** A.A. Galuma
0 Response to "WARTA SOSIAL TI GARUT : Ma Emi, 121 Taun Stake Holder nu Milu Merhatikeun"
Posting Komentar