WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

PELESIRAN, KANDAGA BUDAYA SUNDA : Seni Genyé Milu Aub Ngareuah-reuah Milangkala Ciamis


Sumber: Tim Bidik Budaya Purwakarta

Seni Genyé Milu Aub Ngareuah-reuah Milangkala Ciamis

CIAMIS – Warta Sunda Onliné.
K
esenian Genyé ngarupakeun kréasi seni anyar nu diciptakeun ku para seniman-seniman Purwakarta. Genyé téh singketan tina “Gerak Nyéré”, nyaéta badawang nu leuwih mirip bebegig. Genyé dijieunna tina rupa-rupaning barang jeung alat saperti ayakan, sapu lidi (nyéré), anyaman daun pandan katut anyaman nu ngaruumbay, sapu injuk atawa songkét, jeung nu lain-lainna. Barang-barang éta disusun kalayan ngawujud saperti bebegig. Ti mimiti sirah, buuk, lélér, taktak, awak, leungeun, jeung bujur. 
Tapi bagian tina sirahna mah maké ayakan leutik, sedengkeun buukna tina dari sapu nyéré atawa sapu injuk. Awakna (bagian beuteung) dijieun tina ayakan nu leuwih gedé tibatan sirah. Bagian cangképing ggangnya bahanna ti sapu jeung anyaman bagian handapna ngahaja dirumbaikeun mirip jeung anderok awéwé.
Sedengkeun leungeun jeung ramo-ramona masih tina sapu paré (merang) nu diberé gagang nu mirip jeung tuding wayang golék atawa wayang kulit. Ngarah ajeg, bagian-bagian anggota tubuh nu lainna ti tukang disangga ku saleunjeur awi ngarah ajeg tur sampurna.
Penyangga éta téh sakaligus fungsina mah ngarah kuat tonggong pamaén nalika keuur dipintonkeun. Pon kitu deui, nalika genyé geus ditalian kana tonggong salah saurang pamaénna, dirina katingali leuwih jangkung ti para pamaén nu lianna. Disagedengeun éta, bagian tina leungeun genyé nu ucang-ucangan (berjuntai) dimaénkeun layakna saperti sedemikian rupa agar kelihatan seperti keur nari.
Dina hal ieu mah, yén seni Genyé téh pesan moralna sangkan urang peduli kana kabersihan lingkungan. Genyé ogé properti anyar nu khusus keur kepentingan arak-arakan. Malah mandar seni Genyé téh diilhaman tina tukang sapu anu ma’nana tina gerakan kudu bersih tur sehat.

Kasenian Genyé téh nerapkeun konsep arak-arakan nu leuwih rongkah. Kajaba personil na ogé ti Rahayat Nyéré, Prajurit Nyéré, Raja Nyéré, barudak leutik nepika nu ngawaditraanna gé, musikna nuansa sunda nu atraktif. 
Tina pintonan dina karnaval yén kasenian genyé sok babarengan jeung manusa taneuh (tanah). Saperti basa kamari Milangkala Kabupatén Ciamis
Ka-377 "GALUH ETHNIC FESTIVAL 2019", poé Salasa 25 Juni 2019. Kasenian Genyé garapan seniman Purwakarta sapapanjang talimarga di Kabupatén Ciamis.
Pintonan jeung kostum kaén karung, sapu nyéré jeung barudak leutik nu saawak-awakna pinuh ku leutak sawah anjun ngawanohkeun yén Purwakarta nyieunan keramik. Keseniaan Genyé ogé diiringan musik has Sunda nu sindenna bari hahaleungan lagu-lagu Sunda nu pinuh ku ma’na.
Lain deui yén pihak panongton kataji pisan ku pintonan barudak nu pinuh ku leutak sawah téh, ngan basa ningali kasenian genyé kesanna horor antukna panongton budak leutik mah sieuneun pisan barirat lalumpatan ngajauhan pintonan kasenian genyé.  Sumber: Tim Bidik Budaya Purwakarta.*** Anto Sukanto.
Katerangan Poto : Pintonan Kasenian Genyé jeung manusa lumpur

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "PELESIRAN, KANDAGA BUDAYA SUNDA : Seni Genyé Milu Aub Ngareuah-reuah Milangkala Ciamis"

Posting Komentar