WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bewara Hasil Kejuaraan Binojakrama Padalangan Tingkat Jawa Barat di Stadion Pakansari Kabupaten Bogor

Bewara Hasil Kejuaraan Binojakrama Padalangan Tingkat Jawa Barat di Stadion Pakansari Kabupaten Bogor, Jumaah, 13 Juni 2025.   Hasil kapin...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Warta ti Garut - PAGUYUBAN PUTRA SANGHIANG PADJADJARAN Ngaguar Para Karuhun


PAGUYUBAN PUTRA SANGHIANG PADJADJARAN
Ngaguar Para Karuhun

GARUT – Warta Sunda Onliné
M
ILU aubna para nonoman dina ngagali poténsi daérah kalintang diperlukeunana, komo ayeuna zaman “NOW” atanapi kaum “MILENIA”. Ku ayana nonoman dina nanjeurkeun ajén-inajén basa, seni katut budaya Sunda kalintang saéna. Nilik tina nitenan zaman anu sakitu mahabuna dina éra globalisasi, tehnologi anu sakitu canggihna matak alam dunya makin sempit waé. Sempit dina harti sagala rupana geus modérn. Malah barudak leutik kiwari geus pada-pada apal kana tehnologi saperti halna ayana gadget.
 Sedengkeun barudak teu diwanohkeun ka para karuhun nu ngamimitian dina ngeusi alam dunya. Barudak teu ujug-ujug kitu waé. Tapi ku pejuang-pejuang nu ngabela nagara nepi ka darah titik penghabisan. Ngorbankeun tanaga jeung pikiran dina merjuangkeun Kemerdekaan NKRI.
Ku kituna, pihak Paguyuban Putra Sanghiang Padjadjaran (Padepokan Linggaratu) Jejak Karuhun Kabupatén Garut nu ngadeg ti taun 2009 ieu téh konsen dina ngagali potensi budaya katut nanjeurkeun ajén-inajén seni budaya Sunda kususna nu aya di masarakat, pon kitu deui ngembangkeun pangirutan pariwisata dina raraga ngaberdayakeun rengrengan anggota, lian ti éta wajib ngajar di sakola. Kitu ceuk Abang Anton Galuma, Amd.Kom ka Warta Sunda Onliné, poé Kemis (16/5).
Disagedengeun éta, pihakna ogé keur ngaguar anu aya pakuat-pakait kana situs budaya, cagar budaya, situs sejarah makam leluhur jadi destinasi wisata. Inyana gawé bareng  jeung Kasepuhan Sindang Panon (Abah Adé Sukwana) katut tim Penyusun Perencanaan Kebudayaan Daérah (PPKD) Kabupatén Garut (Ki Warjita) pikeun maluruh peninggalan sajarah cagar budaya, situs budaya peninggalan Karuhun nu harita milu aub dina menyebarkan agama Islam di tatar Sunda.
Kalih ti éta, Paguyuban Putra Sanghiang Padjadjaran ngainventarisir tur ngaberdayakeun para seniman di tiap wewengkon nu aya di Kabupatén Garut.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Warta ti Garut - PAGUYUBAN PUTRA SANGHIANG PADJADJARAN Ngaguar Para Karuhun"

Posting Komentar