WARTA ATIKAN TI BOJONG - Kecamatan Bojong dina PSSP Tingkat Kabupatén Nargetkeun : Maca Warta, Ngadongéng & Nulis Aksara Sunda
Nargetkeun : Maca Warta, Ngadongéng & Nulis Aksara Sunda
BOJONG – Warta Sunda Onliné,
K
|
AMELANG tur
bangbaluh keur Panitia Sirung Sunda Pinilih Tingkat Kecamatan Bojong, dina
mapag tandang Pasanggiri Sirung Sunda Pinilih Tingkat Kabupatén Purwakarta,
ahirna aya bongbolongan pikeun ngundeur préstasi di tingkat kabupatén. Malah kiwari
para pembinana soson-soson ngabina para juara Pupuh, Maca Sajak, Ngadongéng, Biantara,
Mac Warta, Ngarang Carpon jeung Nulis/Maca Aksara Sunda.

Malah
taun-taun katukang, Kecamatan Bojong kantos ka tingkat provinsi Jawa Barat
saperto lomba Ngadongéng, Maca Warta, jeung Nulis Aksara Sunda. “Mudah-mudahan
taun ayeuna, tilu lomba éta téh tiasa kasangking ku barudak SD Kecamatan
Bojong.
Lain
deui nu kasauran Kelompok Kerja Kepala Sekolah (K3S) Kecamatan Bojong, Tédi
Sutédi, S.Pd, pihakna kasapukan jeung kepala sekolah nu lain pikeun ngiring
nyukseskeun panitia dina mapag tandang Pasanggiri Sirung Sunda Pinilih di
Tingat Kabupatén Purwakarta nu baris lumangsung ping 19-20 Maret 2019 di
Yudistira jeung SMPN 7 Purwakarta.***
0 Response to "WARTA ATIKAN TI BOJONG - Kecamatan Bojong dina PSSP Tingkat Kabupatén Nargetkeun : Maca Warta, Ngadongéng & Nulis Aksara Sunda"
Posting Komentar