WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Hendry jeung Zulmansyah Satuju Kongrés Persatuan PWI Dilaksanakeun Paling Elat Agustus 2025

Hendry jeung Zulmansyah Satuju Kongrés Persatuan PWI Dilaksanakeun Paling lambat Agustus 2025 JAKARTA - Ahirna konflik antara Pe...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

#NetSofyanPost - NGANTEURKEUN


#NetSofyanPost
NGANTEURKEUN


H
arita téh pasosoré, poé Ahad (24/02/2019) basa kuring keur moncongok lalajo final proliga. Di luar hujan girimis, ana jelegér téh gelap tarik pisan. Ceuli asa ngajelengéng, tv pareum. Sakedapan papelong-pelong jeung indung budak bari babacaan. Reuwas kacida. Teu lila sora Pa Rasim tatangga gigireun imah ribut kawas aya kajadian pikareuwaseun. Tuluy dilongok horéng kabel tv ngebul arucutan. Listrik ogé pareum. Cenah waktu aya gelap téh panto imahna muka. Sa RT mah nyarebutna téh Si Bapa jeung Si Ema wé ka tatangga gigireun imah téh. Si Bapa tukang bas ahli kayu, ari Si Ema tukang ngaput. Si Bapa mah unggal poé Saptu mulangna téh.
Wanci magrib nu biasa ramé ku sora barudak nu pupujian di masjid hareupeun imah ngadadak jempling. Taya nu adan deuih. Geuning ampli masjid ogé pareum. Réngsé salat berjamaah Si Bapa ka imah pupuntenan ménta listrik. Milu nyolok ti lampu luar. Nya di tengah imah pisan uyak-uyek ngoprék obéng jeung kabelna téh. Subuh saperti biasa babarengan ka masjid. Di jalan sasalaman bari silihdungakeun sing séhat. Puguh Si Bapa téh keur batuk. Ari kuring karék béak obat ti dokter. Minangkana mah eungkeut-eungkeut maju ka cageur. Ceuk indung budak, Si Bapa indit digawé ka Bandung rada beurang. Kungsi patanya basa keur sasapu di buruan cenah.
Puguh asa ka kolot sorangan ka Si Bapa téh. Lamun kuring pareng ka luar kota atawa ngéndong teun mitoha nya tatap-titip téh ka Si Bapa. Atuh Si Ema ogé sarua bageurna. Lamun teu dipaksa mah tara nampa upah ngaput atawa permak sautak-saeutik. Sakulawarga balageur pisan. Teu aritungan ku tanaga. Kungsi nyieun lomari buku tohaga naker embung dibayar lamun teu dipaksa mah. Keur jaman usum ngaronda nya jeung Si Bapa ngabalad téh. Lamun  Persib maén sok tibuburanjat ngabéjaan, ngajak nobar di imahna. Puguh teun kuring mah teu katangkep da maké parabola. Nobar téh sok disuguhan téh manis jeung kulub hui.
Saptu soré (02/03/2019) basa kuring keur di Limbangan meunang béja Si Bapa dirawat di IGD RSUD Sumedang. Cenah kaserang jantung, keur digawé karasana téh. Kungsi dibawa ka rumah sakit di Bandung tapi kulawargana ménta dibawa ka Sumedang. Kabeneran Ahad isukna téh mitoha jeung indung budak rék ka Purwakarta. Nya badami kumaha lamun balik ti Purwakarta langsung ka Sumedang urang ngalayad. Kuring mah megat di lawang komplek wé. Sapuk caritana mah.
Ahad subuh saacan adan bapa kuring ngahudangkeun aya telepon. Horéng indung budak nu nelepon téh. Bari nginghak ngabéjaan Si Bapa ngantunkeun jam 12-an. Meunang béja WA ti anakna Si Bapa. Puguh wé asa teu percaya mimitina mah. Sanggeus salat gura-giru balik. Milu nyalatkeun mayit di masjid  jeung nganteurkeun ka astana. Loba warga komplék nu nganteurkeun padahal rada jauh astana téh.  
Geus ampir saminggu unggal salat subuh berjamaah di masjid asa sepi pisan. Unggal diitung teu lengkep kawas sasari. Da puguh bejamaah subuh mah saeutik, éta-éta kénéh. Sanggeus wiridan mah sok langsung baralik da lolobana mah digarawé. Kiwari jamaah masjid rutin téh ngurangan. Geus moal aya deui balad berjamaah anu pangdeukeutna. Nineung ku sorana nu agem lamun keur adan. Matak nineung ku kaparigelanana urusan uma-omé. Ngan kari waasna. Mugia Pa Rasim husnul khotimah ditampi iman islamna. ***
Tanjungsari Sumedang, 07/03/2019

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "#NetSofyanPost - NGANTEURKEUN"

Posting Komentar