MITRA MEDAR - MUSLIM MUNGGARAN Ku : Dadan Sutisna
MUSLIM MUNGGARAN
Ku : Dadan Sutisna
Ku : Dadan Sutisna

ukanlah hal baru bahwa banyak uang yang
dihasilkan dari agama. Suku Quraisy abad ke—6 mengetahui hal ini sama baiknya
dengan télévangélis (pengkhotbah di télévisi) di masa modérn. Serupa dengan
pasar saham Wall Street, kelompok élité Mekkah menjalankan kota ini layaknya
oligarki, dengan kekuasaan berada di tangan segelintir orang kaya. Aksés selalu
dimédiasi, dan selalu membutuhkan biaya .... Bisnis meréka adalah keimanan, dan
keimanan meréka ada pada bisnis."
(Muslim Pertama, kaca 53) |
Cutatan di luhur téh, gambaran kaayaan Kota Mekkah dina abad ka-6, saméméh
Kangjeng Nabi Muhammad nyebarkeun Islam. Nu disebut "iman" dina jaman
jahiliah, tangtuna gé nyebah berhala. Jeung lain urusan iman-iman teuing deuih,
da dina émprona mah apan maranéhna parebut kakawasaan, papada hayang
ngeukeuweuk (monopoli) sakur nu bisa ngadatangkeun rajakaya. Cindekna mah,
ngajual kayakinan keur kapentingan dunya.
*
Buku nu ngaguar riwayat Kangjeng Nabi Muhammad SAW téh réa pisan. Lalakon
Kangjeng Nabi mah hamo aya saatna, tangtu dicaritakeun sapanjang jaman, jeung
sageuy mun nu ngaku muslim nepi ka ngamomorékeun. Dina sawatara buku, bisa jadi
aya pangaweruh anyar, atawa katerangan séjén pikeun babandingan jeung buku
lianna.
Ieu buku gé méré tilikan séjén. Malah boa perlu ngawahan heula, lantaran nu
nulisna apan bangsa Yahudi. Waktu mimiti maca ieu buku, sabisa-bisa
nyingkirkeun heula ka-Yahudi-anana, nyuaykeun prasangka yén ieu mah hasil
panalungtikan nu bisa dipertanggungjawabkeun sacara kaélmuan. Buku "Muslim
Pertama" (judul asli: "The First Muslim: The Story of
Muhammad"), ditulis ku Lesley Hazleton, warga Amérika, jurnalis Timur
Tengah nu museurkeun tulisanana kana sual agama, sajarah, jeung pulitik.
Geura urang bandungan heula daftar pustakana. Waktu nulis ieu buku,
Hazleton maké rujukan primér nyaéta Alquran (lima tarjamahan basa Inggris),
"Sirat Rasul Allah" (Ibnu Ishaq), jeung "Tarikh ar-Rusul
wa-al-Muluk" (At-Tabari). Ari sumber sekundérna mah réa kacida, leuwih ti
120 judul buku.
Ieu buku ditulis maké gaya novél, dibuka ku kajadian pangpentingna dina
sajarah Islam: turunna wahyu ka Kangjeng Nabi. Dina bagian-bagian awal geus
mimiti karasa wandana, Hazleton ngudag détail nu arang kagambarkeun dina
buku-buku lianna. Ngawincik kaayaan bihari téh mémang lain gawé énténg. Tong
boroning dina abad ka-6, dalah kaayaan tilu abad katukang gé hésé
kagambarkeunana mun teu dibarung ku sumber tinulis nu lengkep mah. Hazleton gé
katémbongna mah engeuh yén dina ieu buku inyana keur adu hareupan jeung
kaimanan agama lian. Nu matak tilikanana leuwih kana sual-sual kamanusaan
(human interest), sajarah, jeung psikologi nu jadi kokojo kaélmuanana.
Lantaran ditulis dina wanda novél, lebah nyaritakeun kaayaan hiji tempat
atawa kajadian téh éstuning diwincik pisan, najan dina sawatara bagian mah aya
kesan kaleuleuwihi. Ngagambarkeun Guha Hira gé apan nepi ka sababaraha kaca.
Boa ieu téh keur ngayakinkeun (pangpangna keur nu maca luareun ageman Islam)
yén sakur nu karandapan ku Kangjeng Nabi téh dirojong ku data faktual.
Bagian-bagian nu ditulisna nyosok jero téh bisa ngahudang émpati deuih.
Upamana, sageuy mun teu milu ngangres ngabandungan lalakon Muhammad mangsa keur
budak, lahir dina kaayaan yatim, tuluy nyaksian ibuna ngantunkeun. "Dina
umur genep taun, anjeunna geus jadi yatim piatu, hiji-hijina warisanana téh
ukur kateupastian ngeunaan tempatna di ieu dunya," kitu cék Hazleton
mungkas bab lalakon Muhammad nu dikantunkeun ku ibuna.
Ieu buku pinuh ku analisis deuih. Méh
dina unggal kaca Hazleton méré tafsiran jeung analogi kana cutatan sajarah dina
éta jaman. Babandinganana gemet, najan sakapeung aya rasa hiperbol, contona
lebah ngabandingkeun bisnis bangsa Kurés di sabudereun Kabah jeung Wall Street.
Patali jeung analogi téa, bawirasa keur sabagian nu maca mah aya nu matak
kerung. Hazleton bangun hayang némbongkeun yén pangaweruhna kana sajarah
kawilang lega.
*
Jadi naon nu katéwak sabada maca ieu
buku téh? Teu kurang teu leuwih, bet ngurunyung deui patalékan: sakumaha
deuheusna ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW? Patalékan nu sakapeung mah hésé
ngajawabna, dalah keur sadirieun sorangan. Sanajan ti jauhna kénéh ngaku jadi
umat anjeunna tur netepkeun dina haté yén Kangjeng Nabi téh jungjunan alam nu
hamo aya cédana, tapi pikir mah sok keuna ku owah gingsir. Ngaku deuheus ka
Kangjeng Nabi boa ukur lalambé, upama haté jeung lampah remen pasalia. Teu
ngabibisi, dalah cék ajengan gé, ieu téh aya patalina jeung iman; ari iman apan
sakapeung beukah sakapeung ngariut, gedé jeung leutikna geus jadi sipating manusa,
tapi nu penting mah angger buleud, henteu bénjol, semplék, komo nepi ka bejad
mah.***
Pangémboh teu pati penting:
Geus rada heubeul terang kana ieu buku téh, ti Kang Ajip (Ajip Rosidi). Ti baheulana anjeunna mah koléktor buku-buku riwayat Kangjeng Nabi, dina hiji waktu nyaritakeun ieu buku (vérsi basa Inggris), alus cenah mun ditarjamahkeun kana basa Indonésia. "Tos aya nu narjamahkeun," pok téh sabada kurah-koréh kana Google.
Geus rada heubeul terang kana ieu buku téh, ti Kang Ajip (Ajip Rosidi). Ti baheulana anjeunna mah koléktor buku-buku riwayat Kangjeng Nabi, dina hiji waktu nyaritakeun ieu buku (vérsi basa Inggris), alus cenah mun ditarjamahkeun kana basa Indonésia. "Tos aya nu narjamahkeun," pok téh sabada kurah-koréh kana Google.
0 Response to "MITRA MEDAR - MUSLIM MUNGGARAN Ku : Dadan Sutisna"
Posting Komentar