CARBUNG CINTA Bagean ka-2 - "KABELEJOG ASIH" YASANA ERNI WARDHANI
(Bagean ka-2)
Ku: Erni Wardhani
"Lain Papah teu
nyaah deui ka Mamah."
Celengok
buuk kuring dicium. Cipanon teu karasa ngaburubut, teu bisa dikompromian.
Kuring tetep matung. Cipanon na pipi, lalaunan disusutan ku raramo Papah.
Kuring rikat nyurungkeun awakna sina ngajauhan. Papah teu loba uget. Léos manéhna
ngaléos.
Gebru
panto satengah ditajong ku suku kénca, ngarah nutup. Kuring cengkat, tuluy
ngonci. Bru deui, ngabeubeutkeun awak kana kasur. Hirup meni asa hapa. Padahal
salaki karék érék ngomongna gé. Komo lamun teu bèbèja heula. Kacipta. Palias,
bararaid.
"
Bu," sora nyi Èpon, pembantu kuring, lalaunan ngageroan. Leungeunna
keketrok.
Kuring
cengkat, teu wasa pipilueun ijid ka pembantu anu teu tuah teu dosa. Cetrék,
panto kamar dibuka. Nyi Épon semu olohok nempo panon kuring anu carinakdak.
"Kumaha,
Nyi?"
"Damelan
tos bèrès, Bu ... abdi badé uih." Kuring unggeuk.
"Candak
pindang anu na bungkus koran, gigireun wadah bumbu, Nyi."
"Hatur
nuhun atuh, Bu." Léos Nyi Èpon ngalèos deui Ka dapur.
"Bapa
ka mana, Nyi?"
"Tadi
mah ngobrol sareng Pa Ayi di payun, Bu," cenah bari langsung uluk salam.
Kuring
unggeuk sabari ngajawab salamna. Kuring boga niat rèk ngajugjug imah
Dèdèh, da di WA teu malesan waè. Baè, itung itung silagurahmi ari kitu tèa,
mah. Tapi moal ka nu motor, rék naék angkot wé. Maklum, ari keur kondisi
pipikiran teu merenah kieu téh, sok jadi sieun malaweung, der kalah kacilakaan.
Ku
lantaran sieun kaburitan teuing, kuring rada buru-buru dangdan gè. Teu mandi
soré, niat téh, éngké wé balik ti imah Dédéh. Ukur sibeungeut, tuluy maké alas
wedak jeung diwedak ipis. Maké lipen anu warnana rada caang, ngarah teu kaciri
teuing geus ceurik.
Lomari
rusuh dibuka, panon lincah nitènan warna kurudung anu kira-kira asup kana warna
baju. Kuring ngadudut kurudung warna dasar hideung motif héjo toska. Dikurudung
gé sakeunana, teu cara biasana, sok dibulat beulit. Lomari ditutupkeun deui.
Tas anu ngagantung dina kapstok pakèan dibawa, teu poho kana hénpon. Saméméh
indit, kuring nulis na keretas sacewir, bébéja ka si Papah.
Mamah
ka babaturan. Soré uih.
Ngahaja
teu liwat hénpon. Bisi teu meunangeun. Masing keur paséa gé, kurang kumaha,
kuring mah sok bébéja kénéh. Sok sieun jadi pamajikan anu doraka ka salaki. Der
kuburan nyempitan, kéh jaga. Modél judul na sénétron.
Sanggeus
ngonci panto, tuluy kuring neundeun konci dina pot gantung hareupeun jandéla
kamar. Si Papah gé geus apaleun, da mémang sok diteundeun di dinya. Ari
diteundeun na handapeun kékéséd mah atawa luhureun mèteran listrik, éta mah
geus jadi rusiah umum. Bangsat gé geus arapaleun. Matakna teu di dinya. Panto
pager mah teu dikonci. Karunya kénéh ka salaki, piraku kudu naék pager anu
jangkungna sadada awéwé dèwasa.
Megat
angkot tara hésé, da mémang kaliwatan. Tapi geus sababaraha hiji angkot anu
liwat, ngan pinuh jeung pinuh waè. Bener-bener nguji kasabaran. Bari ngadagoan
angkot , kuring muka henpon. Tètèla Dèdèh geus malesan, malah nyanggupan ulin
ka imah jelema pinter tèa, tapi manèhna can balik ti imah mitohana. Masih mudik
kènèh. Ku lantaran kagok geus saged, tungtungna kuring mutuskeun tetep rèk
iinditan. Kamana wè kumaha engkè.
Teu
kungsi lila, torojol angkot kosong. Kaciri ukur supir anu dihareup, jeung
panumpang nini-nini, hiji deui budak abègè. Memang geus kabiasaan, maén hénpon
tèh, teu di mana, teu di mana. teu pangacualian na angkot. lumayan ubar baeud.
Sok aya wè nimu pikaseurieun tèh. Saenggeus rada wareg mah, henpon diasupkeun
kana tas.
Sabot
ngasupkeun henpon kana tas, sajorelatan panon nempo barang di juru jok angkot.
Tètèla dompèt kulit. Dompèt lalaki, lantaran ukurannana modél lokét lalaki. Kuring
melong ka supir anu keur anteng nyupiran. Teu ngobrol jeung nini nini anu
gigireunnana, horèam bangunna mah. Tuluy ngarèrèt Ka budak abégé anu keur
jongjon maèn henpon bari cungar cengir.
Dompet
dikoèr ku suku kènca. Ngagèsèr, ngadeukeutan. Lalaunan ku kuring dicokot.
Paralun lain hayang eusina, puguh karunya kanu bogana. Mana teuing riwah riwih
ayeuna tèh, keur neangan. Tètèla dompèt mahal. Aya hurup P bulenek, rada miring
saeutik di juru handap beulah kèncana.
"
Papillon." Kuring ngagerentes na hatè.
Moal
kurang ti 450 rèbu hargana. Dompèt diilikan, tapi can wani muka jerona. Hatè
ngilu tagiwur. Insyaallah moal kagoda naon nu aya dijero. Matak kieu gè, kuring
ditunjuk nu maha Asih, jang malikeun. Hatè panceg rèk mukaan ieu dompèt, engkè
di Yogja dept. store. Enya, ah, mending ulin Ka dinya. Rèk cuci mata, sugan wè
aya baju atawa sapatu anu dipikabogoh. Biasa ari awèwè mah, lumpatna sok kanu
kararitu ari keur parusing mah. Ayeuna mah, asa teu hayang ngabaso, sok komo
sababaraha kali ngaliwat tukang baso anu ngeunah, masih parinuh kènèh.
Kuring
nepi ogè ka Yogja. Beuteung karasa lapar. Samèmèh ningalian baju, kuring rèk
ngadon ka KFC heula. Mèh jongjon. Teu pati pinuh, lolobana barudak abègè anu
ngadon dalahar tèh. Sanggeus meunang pesenan, pingping handap, sangu
jeung coca cola, baki dibawa ka korsi sofa anu pangjuruna. Lumayan rada sepi.
...
Hanca
0 Response to "CARBUNG CINTA Bagean ka-2 - "KABELEJOG ASIH" YASANA ERNI WARDHANI"
Posting Komentar