WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijzah Alumni???

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijazah Alumni??? PURWAKARTA - www.wartasunda.id     "Larangan pamaréntah ka l...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Naoval Raditiya nu Titeuleum Geus Dua Poé Can Kapanggih Jasad boh Layonna


Sepuhna Naoval Raditiya,
Ngantos Kabar ti Tim Gabungan
BUNGURSARI - Warta Sunda Onliné,
S
utrisno (39), nu jadi sepuhna, Naoval Raditiya (12), miharep sangkan anakna bisa kapanggih ku pihak Tim Gabungan nu masih kénéh néangan anakna. Malah ngemis do’a ka sadayana yén nu janten putrana téh sing enggal kapendak.
“Ihwal kajadian anakna titeuleum kabawa caah téh, sim kuring kenging wartos ti nu janten babaturan gawéna jam 10 enjing. Basa nampi info éta, teu diengkékeun deui neda widi ka nu jadi dununganana. Gura-giru muru ka imah, pikeun méré béja ka nu jadi indungna budak. Teu kungsi lila, Sutyrisno jeung pamajikanana apay-apayan jeung warga nu lainna pikeun néang nu jadi anakna ti teuleum. Kitu ceuk Sutrisno, nalika ngawangkong di imahna, Alamat : Perum Bip Blok H No. 9 RT 027 RW 009 Desa Cibening Kec. Bungursari Senin (14/1/2019).
“Biasana, murangkalih abdi téh amengna tara jauh ti komplek, paling ogé ngadon maén bal di lapangan RT atawa lapang RW,” pokna.
“Komo nepika ulin di sisi wahangan mah asa tara. Tapi ceuk babaturan anakna nu milu ulin téh, ngajelaskeun Naoval sabada beres maén bal téh, langsung ngadon nyeuseuhan calanana nu bobolokot ku leutak tilas maén bal. Teu kungsi lila, Naoval tiseureuleu jeung titeuleum ka wahangan. Ningali Naoval tigejebur kana cai téh, nu jadi babaturanana teu bisa nulungan, lantaran caina caah tilas hujan gedé,” pokna Sutrisno nirukeun omongan babaturan anakna.
Saényana mah teu aya firasat saméméhna kajadian anakna ka bawa caah téh! “Sim kuring biasa digawé tanpa aya firasat naon-naon waé,” pokna.
Ku kituna, Sutrisno jeung Cucu Nengsih (36), “nganti-nganti anakna kapanggih deui. Inyana yakin yén budakna téh bisa kapanggih deui,” kitu ceuk lalaki nu sapopoéna digawé saku karyawan disalahsahiji pabrik di Kabupatén Karawang.
Nepika diturunkeun ieu warta téh, Naoval Raditiya pihak tim gabungan SAR, Pramuka, Pulisi, TNI jeung Warga Masarakat can bisa manggihan jasad boh layonna éta budak.*** Gin



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Naoval Raditiya nu Titeuleum Geus Dua Poé Can Kapanggih Jasad boh Layonna"

Posting Komentar