WARTA TI SUKASARI - BHAKSOS 15O URANG MAHASISWA
BHAKSOS 15O URANG MAHASISWA
ITB, UNPAD, UPI, UNISBA & WIDIYATAMA
Warta
Sunda Online,
R
|
ATUSAN Mahasiswa ti Bandung haliber lir ibaratkeun manuk. Hiberna
mahasiswa éta téh ka wewengkon Désa Parungbanténg, Kecamatan Sukasari,
Kabupatén Purwakarta. Jumlah mahasiswa nu haliber téh aya kana 150 urang nu
ngawengku ti mahasiswa Institut Téknologi Bandung (ITB), UNPAD, UPI, UNISBA & WIDIYATAMA. Para
mahasiswa éta téh ngayakeun
saniskara kagiatan saperti kagiatan Bhaksos (Hitanan Massal), Pasar Gratis
jeung Pengobatan Gratis.
Kagiatan nu saperti kitu téh témana “MANUK HIBER”, jadi para
mahasiwa luyu sareng téma éta téh haliber kumaha gerentes haténa, nya nyangsang
jeung euntreup di Désa Parungbanténg Kecamatan Sukasari Kabupatén Purwakarta nu
dipuseurkeun di buruan jeung kantor Désa Parungbanténg Désa Parungbanténg
Kecamatan Sukasari. Kitu ceuk Ketua Koordinator éta kagiatan wastana Mochamad
Alghifari mahasiswa Teknik Informatika ITB 2016 (23/12).
Masih ceuk Alghifari yén kagiatan nu
saperti kitu téh, masih dina raraga Maulid Nabi Besar Muhammad SAW 1440 H.
Acara hitanan massal éta, para mahasiswa ngahaja turun ka lembur hususna di
wewengkon Parungbanténg pikeun leuwih apal yén masih kénéh loba barudak nu can
disundatan. Kukituna ieu kagiatan para mahasiswa langsung prakték nyundatan
barudak. Nilik ti pangalaman ti dosén, para mahasiswa nyundatan barudak balita.
Tapi ari sacara teknis mah dipandu ku para dokter ti RS. Hasan Sadikin
Bandung,” pokna.
Dina runtuyan kagiatan éta téh, saperti
hitanan massal aya kana 15 urang balita nu disundatan. Malahan salahsaurang
kolotna nu wastana Ahmad Jaélani bin Endang (45), ngarasa bingah ku ayana
sunatan massal ieu. “Boro-boro keur mikiran nyundatan barudak, dalah kanggo
biaya sapopoé gé sarwa kakirangan. Kari-kari ayeuna aya hitanan massal, nya
putra Abdi didaftareun, ngarah jongjon, da ari ummat Islam mah murangkalih
pameget kedah disepitan,” pokna.
Lain deui ceu Bi Maémunah (55), nalika
dipasihan acuk sarwa haratis téh asa kagunturan madu, sok sanajajan lebaran
lami kénéh. “Da, acuk sareng tas na ogé badé dianggo kanggo lebaran sim kuring
sareng pun anak.” Pokna Maémunah.
Dina kasempetan éta ogé, Kepala Désa
Parungbanteng, Asep Saéfullah, ningal ku kasumpingan rombongan para mahasiswa ti
Bandung kalintang bingah pisan yén wargana aya nu milu mikanyaah ku para
mahasiswa kanggo ngayakeun bhaksos ka wewengkonna. Mugia aranjeunna sing dipasihan
kabarokahanna tina naon nu dipasihkeun tur ngalayanan wargana tina pengobatan
gratis, hitanan masal tur pasar kaget (haratis).
Sedengkeun ceuk Kepala SDN 1
Parungbanténg, Jajang Jumyati, S,Pd, yén anak didikna dipasihan kasempetan
Roudoh siswa/siswi SMPN Satu Atap 1 jeung 2 Parungbanténg dina acara Tablig
Akbar Maulid Nabi Besar Muhammad SAW 1440 H. “Keur para siswana kalintang
mangaatna tur tiasa masihan motivasi pikeun ngalajengkeun sakola ka tingkat nu
leuwih luhur. Lian ti siswana kenging doorprise mangrupa Sapedah Mesin ogé Bu
Maésaroh (57) sami kenging sapedah mesin. Ieu langkung mangpaat keur urang
lembur.***
0 Response to "WARTA TI SUKASARI - BHAKSOS 15O URANG MAHASISWA"
Posting Komentar