WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Era 80-an Jaya-Jayana Prangko


PRANGKO/KARTU POS jeung POSTMAN
Kaleled ku MEDSOS 
      
Prangko era taun 1980-an
Sumber ti Post & Telekomunikai Indonesia

Warta Sunda Online,
K
ANTOR Pos ngalaman kajayaan taun 1980 an, jamanna Pa Harto (Présiden RI) nalika jeneng kénéh. Kulantaran harita mah Prangko jeung Kartu POS mangrupakeun sarana pangabutuh pikeun ngirimkeun informasi jeung surat-surat penting kayaning Surat Cinta. Dalah harita mah jadi pikameumeut. 
Ras emut mangsa katukang keur meujeuhna resep ka hiji bikang. Mun rék nembak jiga ayeuna mah gampang, tingal chatting dina status medsos langsung nepi itungan menit. Béda jeung baheula taun 80-an mah, mun rék némbak ka hiji awéwé curhat tina kertas, bari jeung kertasna ogé milih-milih ti mimiti gambar jeung dibéré minyak seungit  sagala rupa.
“Ngarah surat cinta na nepika ku dipikacinta téh janten terlena, nya maké minyak wangi. Malah mandar saméméhna sok ngahaja datang ka Toko Buku nu lengkep nu eusina sarupaning buku katut kertas. Pikeun milihan surat cinta, keur nu lalaki mah gambarna Lalaki Kasep pon kitu deui keur awéwé mah gambar awéwé geulis. Cirining nu nyieun eusi surat téh keur kasengsem. Kalih ti éta amplopna gé sarua jeung eusi surat, bari tanda “love”. Pokona mah harita mah asik dina surat-menyurat tina perkenalan nepika kikindeuwan.”
Sumber ti Post & Telekomunikai Indonesia
Aéh ngadon nyaritakeun pangalaman. Da tangtu nu maos ieu ogé ngaralaman Cinta Pertama jeung nu dipikaheman. Tapi mun barudak ayeuna mah moal ngalaman nyieun surat cinta keur ka kabogoh, da langsung jeplak waé ngetik dina HP nu Andriod tur ditepikeun dina chatting komo bari jeung diréka-réka ku gambar nu aya dina HP gaul, keur mah Zaman NOW.
Balik deui ka ungkara diluhur tangtu Kantor POS ayeuna teu tiasa ngandelkeun perangko jeung kartu pos deui, margi téknologi langkung mekar. Jadi  zaman jaya-jayana Kantor Pos atawa POSTMEN ngan ukur panineungan. Kasilih ku Tablet, HP, Smartphone jeung sajabana. Keun waé, Kantor POS ungsi dipikameumeut ku nu ngajamanana. Da barudak ayeuna mah apan ti barang lahir gé geus disampakkeun alat-alat canggih. Tapi, lamun kantor Pos hayang siga baheula dipikameumeut u masarakat,wayahna kudu parigel ngayakeun inovasi layanan, anu berbasis canggihna téhnologi.

Kajaba ti kitu, pagawé di kantor pos na ogé, sabagian mah nu ngarora. Ari nu pagawé entragan taun 80-an mah jigana geus parangsiun. Kari ayeuna nu ngarora nu ngajamanan zaman now.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Era 80-an Jaya-Jayana Prangko"

Posting Komentar