Catetan: Lèngsèr Ambu
Catetan: Lèngsèr Ambu
Ku Adé Suryadin
(Seniman Purwakarta)
Ku Adé Suryadin
(Seniman Purwakarta)
A
|
lhamdulillah sim kuring dina waktos
pasanggiri Lèngsèr Ambu kantos nongton bari teu dugi ka rèngsè ogè. Aya
sababaraha anu kacatet. Kahiji, Komunitas Lèngsèr Ambu hiji organisasi anu
langka, sakedik-ageungna meungkeut silaturohmi antara para seniman anu husus
mikawanoh ogè mikaresep kana Lèngsèr Ambu. Kadua, leupas tina resep sareng teu
resep kana Lèngsèr Ambu, ieu tiasa janten bahan panalungtikan, malah mandar
tiasa waè janten ka beungharan seni Sunda di Jawa Barat. Katilu, seni Sunda tèh
sok aya anu micua, saupami pidanganana, raksukanana kalebet dangdosanana (rias)
mahiwal atawa minculak, komo deui saupami ngalawan kodrat. Apan saurna,
yèn seni Sunda mah èstuning tartib, kagungan adab, tatakrama, boh dina konsèp
garapna komo dina prakna. Kaopat, sah waè saupami seni Sunda langkung seueur,
hartosna kabeungharan Seni Sunda ogè nambihan, salami kauger, kaayak ku
lembaga resmi, langkung utami kaangkeun ku sadayana kalangan masarakat, kalayan
teu nimbulkeun pro sareng kontra. Hapunten ieu mah sasieureun sabeunyeureun
tina pangalaman nongton.
Tarèkah salajengna kedah aya papagon
atanapi palanggeran kanggo titincakan, tos kitu nembè diuji publik lajeng disosialisasikeun.
Sanès nanaon tumali senì mah teu lèsot hubunganana sareng pangaresep ogè
pakasaban jalma. Para praktisi seni katawisna jarang ngèmutan konsep garap,
kemasan, palasipah, adab, sopan-santun ogè palanggeran sanèsna, nu penting
_*jadi duit pikeun nafkah anak pamajikan*_. Saur urang mah leres, nanging ulah
kitu-kitu teuing atuh, muhun èta saur urang urang da kanyataan di lapangan tos
kitu. Manawi ieu rupina PR urang sadaya, utami seniman sareng budayawan!
Èmutaneun urang kalayan wijaksana, tartib, merenah turta hasilna teu nimbulkeun
pacogrègan.***
0 Response to "Catetan: Lèngsèr Ambu"
Posting Komentar