WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Korwil Kiarapedes - Wanayasa : Drs. H. Wahyudin, M.Pd Tilar Dunya

 

Warta Sunda Onliné,



Innalilahi wainnailaihi rojiuun,

Titis tulis Bagja diri, takdir teu bisa dipungkir, qodar teu bisa dipungpang, poé Salasa ieu, poé punungtung pikeun 

Drs. H. WAHYUDIN, M.Pd 

(Korwil 5 Wanayasa-Kiarapedes Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta) 

Dina ngambah Sagara Kahuripan di alam Dunya.

Poé ieu Pa H. WAHYUDIN mulang ka alam kalanggengan, nyungsi poé panjang anu sampurna. 

Ngantunkeun dina dinten Salasa, ping 6 Oktober 2020, jam 10.40 WIB, di Puskesmas Wanayasa, Purwakarta. 

Anjeuna nuju biantara di SDN Gardu Désa Gardu Kecamatan Kiarapedes. Ngantunkeun sanés ku Covid-19, keur mah anjeuna nu masih kénéh Kontrol Panyawat Jantung.

Mugia mulangna Almarhum sing dipapag ku kanyaahna Gusti nu murbeng alam, ogé mugia Gusti nu Maha welas tur Maha Asih, meresihan diri Almarhum. Tina Sagala dosa, malah mandar Almarhum cicing tumaninah Dina sawargana Alloh...... 

Aamiin yaarobbal Alamiin...


Ngiring Sungkawa 

Kelompok Kerja Kepala Sekolah (K3S)

Kecamatan Kiarapedes - Purwakarta


Yayan Supyan, S.Pd

Ketua


Kelompok Kerja Kepala Sekolah (K3S)

Kecamatan Wanayasa - Purwakarta


Yustira Indrayati, S.Pd

Ketua





Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Korwil Kiarapedes - Wanayasa : Drs. H. Wahyudin, M.Pd Tilar Dunya"

Posting Komentar