WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijzah Alumni???

Bener Henteuna : Dalih SMK TARUNA SAKTI Purwakarta Nahan Ijazah Alumni??? PURWAKARTA - www.wartasunda.id     "Larangan pamaréntah ka l...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Jurig Nagih Pati.

 


#Dongeng_Sunda

Judul: Jurig Nagih Pati.

Karangan : Rudy yansah. 

bag 1

Wanci peuting sumanding, jangkrik jeung caricangkas sorana patémbalan mapaésan alam ti peuting anu simpé, angin peuting ngagelebug tarik pisan, bati ti pagawéan jalma anu nyarang usum hujan.


Juragan Somad katut Bu Hajah Atik karék carengkat ngobrol harita téh di ruangan tamu, ngobrol jeung anak minantuna Néng Lintang jeung Dén Yudy (Sanés Rudy héhéh)


Kolot anak masing-masing geus arasup ka jero kamar tempat maranéhna saré. Jeung deuih taya anu apaleun sigana téh, lamun di luareun imah téh harita aya sababaraha urang jalma maraké tergos hideung nutupan beungeut. Kabéh pating kecewis di tempat anu poék, torojol saurang nyamperkeun méré laporan ka tilu urang baturna harita. "Kabéh pangeusi imah Juragan Somad téréh salaré euy, kabéh geura siap-siap."


"Hadé, nam." Témbal anu saurang.


Jeung sanggeus puguh kitu mah opatanna terus laleumpang ngeteyep ngadeukeutan ka imahna Juragan Somad anu mémang  geus mimiti salaré tibra.


Kulutrak, panto hareup rujad koncina, dicokél ku salah saurang maling anu mémang boga niat arék ngagarong ka imahna Juragan Somad. 


Jandéla kaca kamar ogé harita beunang dibuka ku nu saurangna deui éngsélna coplok.


Jleng, jleng! Opatanna terus pating garajleng ka jero imah Juragan Somad méh bareng, ngaliwatan panto harep jeung jandéla kamar anu sacara teu langsung geus ngagareuwahkeun Dén Yudy tina saré.


"Cicing sia goplok! Montong wani gerak sia! Cicing! Aing rék maling yeuh! Deuleu! Ieu bedog! Geus antel kana beuheung sia! Sia hayang dipeuncit ku Aing hah!" Bangsat anu mémang puguh geus lihai dina tindakanana ngan sakilat ngagertak ka Dén Yudy, bedog nyaho-nyaho ngolébat antel kana beugeungna Dén Yudy anu jol geumpeur, bingung kudu ngalakukeun naon lantaran kasima ku éta kaayaan. "Aa aya naon ieu téh? Sa saha manéh? Montong ngaganggu pamajikan Aing!" Ceuk Dén Yudy rada muncereng ogé manéhna ambek, waktu nempo pamajikanana anu keur saré tibra jol dibekem ku saputangan obat bius Néng  Lintang kapiuhan.


Sérését! Beuheung Dén Yudy getihan bari peurih, sabab maling ngahaja nekenkeun éta bedog bari ngancam ka Dén Yudy. "Sia hayang salamet pamajikan sia hah? Coba tuduhkeun di mana duit jeung pethiasan? Buru! Tuduhkeun ku sia!"


"I itu dina jero kas, jeung lepaskeun heula kuring, lepaskeun!"


"Awas siah lamun bohong, buru euy, geura garadahan."


Dua jalma maling nu di jero kamar harita cakah cikih ngasup-ngasupkeun harta banda nu aya di jero kas sabangsa ning duit jeung perhiasan dikerid kabéh taya anu nyésa.


Sedengkeun nu duaan deui harita maranéhna jongjon ngotéktak sagala diksrid, lomari wadah pakéan dibudalkeun bisi kénéh aya barang anu nyésa.


Malah ka dahareun-dahareun diparaok bari diharakan di darinya kénéh, munguh taya ka hariwang lamun seug kapanggih téh ku piribumi.


Keur kitu sérénténg ti jero kamar aya anu datang, horéng Juragan Somad anu harita lilir tina saréna.


Bari Kaayaan lulungu Juragan Somad kadéngé manéhna nyarita, waktu kabireungeuh ku manéhna harita aya bangsat di jero imah. "Aéh-aéh, bangsat teu uyahan! Wani ngagarong ka imah Aing! Awas siah!" Ceuk Juragan Somad bari gentak manéhna ngajéwang gagang sapu anu nangeuh di juru panto, maksud arék tuluy dipaké ngagebug bangsat. Tapi orokaya, Juragan Somad téh kaayaanana mémang geus kolot bari kaayaan lulungu kénéh, ngajadikeun manéhna kapiheulaan abar teu nolih kana pibahayaeun.


Sérénténg! Gabreus! Juragan Somad anu arék ngaheumbatkeun gagang sapu ka saurang maling jadi teu bisa labas gerakanana, sabab beuteungna kaburu ditubleus ku bedog musuh parat ambles tepi kana tonggong.


"Aaaa!"


"Bongan loba tingkah siah. Garadah euy ka kamarna sakalian, anu boga imahna paraéhan kabéh! Ngan iwalti si Lintang anu ulah dipaéhan téh cenah."


"Siap, siap Kang."

Subscribe to receive free email updates:

2 Responses to "Jurig Nagih Pati."