4S: SAUNG SAKOLA SISI SAWAH
4S
SAUNG SAKOLA SISI SAWAH
Malum sakola di lembur, barang jieun téh teu kudu loba ngaluarkeun biaya. Cukup nuaran awi bogana salasaurang staf TU, bari kéképéhan embung dibayar, ngahiras penjaga sakola wé anu nuaranana mah. Dekul dipigawé babarengan, aya nu ngaragaji, motongan, neukteukan, ngaliangan, jsb. Amparanana moal ku papan, tapi rék maké palupuh tina awi gombong. Hateupna maké talahab, awi nu dibeulahan téa, selangsekar sina nangkarak jeung nangkub, nahan cihujan jeung panas panonpoé.
Mudah-mudahan teu lila deui, saung sakola sisi sawah téh ngawujud. Kilangbara alus jeung nyeni mah, asal aya keur ngiuhan bari maca atawa tempat ngagebah-gebah manuk mangsa paré beuneur héjo, bari lalangkarakan ngararasakeun hiliwirna angin.
Da mun sakola keur normal mah, moal lila dipigawéna, babarengan jeung barudak, siga basa ngabedah lahan pamiceunan barangkal jadi sawah nu kiwari sisina disaungan téa.***
0 Response to "4S: SAUNG SAKOLA SISI SAWAH"
Posting Komentar