WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Bupati Purwakarta : Saepul Bahri Binzein di Kritik ku Verrel Bramasta Soal Pendidikan Berkarakter di Barak Militer

Bupati Purwakarta : Saepul Bahri Binzein di Kritik ku Verrel Bramasta Soal Pendidikan Berkarakter di Barak Militer "Kuring geus lalajo ...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Release PWI : Awak Média PWI Perwakilan Purwakarta Narima Bantuan APD ti Sapma PP Purwakarta


Katerangan Poto :
Nyerenkeun sacara simbolis APD ti Ketua Sapma-PP Purwakarta Aria Agustian (kénca) ka Ketua PWI Peduli Purwakarta Dicky Zulkifli (katuhu) disaksian ku Sekretaris PWI Peduli Purwakarta (Anto Sukanto) jeung Wakil Ketua PWI Purwkarta (Asép Budiman).*

PURWAKARTA –  Warta Sunda Onliné,
S
atuan Pelajar dan Mahasiswa Pemuda Pancasila (Sapma-PP) Kabupatén Purwakarta nyerenkeun alat pelindung diri (APD) masker jeung alat penyanitasi tangan (hand sanitizer) ka awak média.

Ceuk Ketua Sapma-PP Purwakarta Aria Agustian ngeceskeun, pihakna kalintang pentingna peran serta sakabéh unsur lapisan masarakat keur ngabantu pamaréntah dina upaya percepatan penanggulangan Covid-19 di Indonésia.

"Ku kituna, pihana masrahkeun APD masker jeung hand sanitizer ka awak média nu aya di wadah organisa jurnalis PWI Purwakarta," pokna Aria.

Masrahkeun APD ditepikeun langsung sacara simbolis ti Ketua Sapma-PP Purwakarta Aria Agustian ka Ketua Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Peduli Kabupatén Purwakarta, Dicky Zulkifli di Sekretariat PWI Purwakarta, Juma’ah (10/4/2020) Jam 16.15 WIB.

Nurutkeun Aria, diskursus ngeunaa Covid-19, lain saukur soal tatanan jeung klasifikasi sosial, poé ieu, lian ti tenaga medis, jajaran personil keamanan katut petugas tanggap bencana nu panghareupna penanggulangan Covid-19. Aya deui sosok awak média nu kudu diperhatikeun.

"Unsur pers atawa awak média ogé di anggap salaku pahlawan. Aranjeunna nu sok ngabantu tina penyebaran informasi ka balaréa, samalah aranjeuna akurat dina méré informasi ka masarakat," pokna deui Aria.

Sedenngkeun Ketua PWI Peduli Purwakarta Dicky Zulkifli ngebutkeun, yén Pamaréntah Daérah Kabupatén Purwakarta, nepika ayeuna can méré bantuan ka para jurnalis nu bertugas unggal poé teu eureun-eureun nyalurkeun informasi nu akurat ka masarakat nalika keur pandemi Covid-19.

"Ieu jadi tonggak sejarah, yén salah sahiji organisasi nu méré bantuan ka para jurnalis," pokna Dicky.

PWI ngaapresiasi pisan léngkah Sapma-PP Purwakarta nu milu merhatikeun ka para insan pers.

Dina hal ieu mah, insan pers ngarupakeun kelompok panghareupna dina ngawartakeun informasi valid seputar Covid-19.



"Nya Alhamdulillah, insan pers tug dugika kiwari teu ka asup kana profesi nu rentan terjangkit Covid-19," pokna Dicky.

Dina pantauan Warta Sunda Onliné, yén Sapma-PP Purwakarta lian ti masrahkeun bantuan alat pelindung diri (APD) masker jeung alat penyanitasi tangan (hand sanitizer) ka awak média, ogé masrahkeun bantuan nu lainna saperti sembako nu dipuseurkeun di Parapatan Stopan Sadang.


Malah mandar ceuk perwakilan warga masarakat Ema Iyah (65) urang Cikampek ngadon ngamen ngarasa bungah dibagi masker jeung sembako nu disaksian langsung ku Ketua jeung Sekretaris PWI Peduli ogé perwakilan anggota PWI Perwakilan Purwakarta.*** (Rilis PWI/Anto)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Release PWI : Awak Média PWI Perwakilan Purwakarta Narima Bantuan APD ti Sapma PP Purwakarta"

Posting Komentar