WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

DI ROHANGAN SIDANG PENGADILAN



Di rohangan sidang, Bapa hakim ngahuleng ngaraga meneng, ngabandungan tungtutan jaksa ka aki-aki nu dituduh maling sampeu. Si Aki ngabéla diri, yén manéhna maling téh bakat ku kapaksa da keur usum sasalad mah teu bisa barangsiar. Anak lalakina gering, incuna lapareun. Ngan ménéjer PT “A” keukeuh nungtut si Aki. Pikeun conto keur warga lianna cenah.  Bapa hakim narik napas. “Kuring teu bisa nyieun putusan nu méngpar tina hukum. Jadi Aki teh tetep kudu dihukum. Keuna dengda sajuta pérak. Mun teu mampuh, nya dibui salila 2,5 taun luyu jeung KUHP”.


Si Aki langsung ngaheruk, teu bisa majar kumaha. Bapa hakim ngudaran topi togana, terus muka dompétna. Nyokot duit sajuta, disimpen dina topi togana. Manéhna terus biantara, “Keur nanjeurkeun kaadilan, kuring ogé mutuskeun ngadengda ka sakur nu hadir di ieu rohangan, 50 rébu saurang. Sabab geus ngantep salah saurang warga nu kalaparan nepikeun maling sampeu. Sadérék panitera, punten kumpulkeun artosna, terus pasihkeun ka Si Aki. Palu terus diketok, Bapa hakim teras ninggalkeun rohangan sidang bari pameunteu bareubeu, panon rambisak. Artos nu kakumpul aya 3,5 juta. Katingali beungeut ménéjer PT “A” semu beureum, éra parada.***
Akoer Lah

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "DI ROHANGAN SIDANG PENGADILAN"

Posting Komentar