WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Warta Gedung Dewan : Sekretariat DPRD, kadatangan Rengrengan Pangurus katut Anggota PWI Purwakarta

Poto bareng PWI Purwakarta jeung Sekretariat DPRD.* GEDUNG DEWAN -  www.wartasunda.id,- Sekretariat Dewan Perwakilan Rakyat Da...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Pustaka Sunda - Pangalaman Abah

Ku ayana sasalad modél ayeuna, jadi loba ngariung jeung ngobrol téh jeung keluarga. Kaasup ngobrol jeung Abah (sesebutan ka pun bapa).

Salah sahijina ngadongéngkeun pangalaman, mangsa keur budak.

Ari nini téh, ngurus budakna téh salapan. Tah lamun bagéan dahar téh, geus boga hancengan séwang-séwangan. Lain ukur sangu jeung réncangna wungkul, tapi nepi ka mangkokna (Saurna mah tina taneuh, tapi hérang), ogé boga ciri nu Si A Si Bna.
Lamun ku nini ditinggalkeun ka kébon téh sok ditunda dina téténong. Kusabab geus boga wadah, jadi tara nepi ka pacorog, atawa pahili.

Tah, dina hiji poé nini keur ka kebon. Nya hancengan sangu téh, ditunda dina téténong, pikeun ngawadang barudakna samulangna ti sakola.

Kacaritakeun marulang ti sakola, cuk-cek kana hancengan séwang-séwangan. Ari Wa Engkos, datangna téh pandeuri. Gawéna ukur kuralang-kuriling, bari nyenyekel beuteung. Tungtungna nagog, deukeuteun kandang embé. Ngadagoan Nini.

Saba'da lohor, torojol nini tas ti kebon. Ningali Ua nu pias bari nyekelan beuteung,  langsung nalék : " Kunaon tuh manéh, gering?"

Nu ditanya kalah reumbay.
"Geus dahar acan?"
"Teu acan, da teu aya nu abi mah sanguna ogé."
"Lain euweuh, tuh wadahna diganti, da nu paranti manéh mah,
 dina gérohan".
Tah didikan kolot baheula mah, nepi ka dahar ogé sina disiplin. Jeung ulah nyoba-nyoba mawa nu lain hakna.
#Net_DiajarNulisTris

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Pustaka Sunda - Pangalaman Abah"

Posting Komentar