SD Plus Al-Muhajirin Purwakarta Magelarkeun Gebyar Kreasi Seni Siswa
Keterangan poto:
Perwakilan siswa-siswi mintonkeun pasanggiri "Paduan Suara" SD Plus Al-Muhajirin Purwakarta di Kampus 1, Kemis (20/2).*
SD Plus Al-Muhajirin PurwakartaMagelarkeun Gebyar Kreasi Seni Siswa
Purwakarta – Warta Sunda Onliné,
G
|
ebyar Kreasi Seni Siswa SD Plus Al-Muhajirin Purwakarta minangka
agenda dua taunan, nu sering rutin dilaksanakeun ku SD Plus Al-Muhajirin Kampus
1. Malah mandar kagiatan saperti ieu téh, pikeun ajang sarana penunjang siswa ngagali
potensi, minat jeung bakat prestasi siswa.
Keterangan poto:
Ketua Yayasan Al-Muhajirin Purwakarta Perwakilan DR Hj. Ifah Faizah Rohmah, M.Pd nalika muka acara Gebyar Kreasi Seni Siswa SD Plus Al-Muhajirin Purwakarta.*
Taun ayeuna ngahaja tim jurina profesional
nu didatangkeun ti luar lingkungan Al-Muhajirin ngrah netralitasna teu di ragukeun
deui. Kitu ditepikeun ku Ketua Yayasan Al-Muhajirin Purwakarta DR Hj. Ifah
Faizah Rohmah, M.Pd nalika muka acara Gebyar Kreasi Seni Siswa SD Plus
Al-Muhajirin Purwakarta, Kemis (20/2) di Kampus 1.
Keterangan poto: Yuswan Perwakilan girang pangajen ti Dinas Pendidikan Purwakarta nuju meunteun lomba pamilon "Paduan Suara" pamilon Gebyar Kreasi Seni Siswa SD Plus Al-Muhajirin Purwakarta.*
Ceuk salahsaurang tim pameunteun Yuswan,
girang serat perwakilan ti Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta, ngeceskeun ku
euyeubna potensi siswa-siswi SD Plus Al-Muhajirin ieu kudu leuwih dibina deui ku
masing-masing guru pembimbingna. Komo dugika peran orangtua siswa milu aub kana
ngabantu tumbuh kembang minat anakna.
Sedengkeun nurutkeun Ketua
Panitia Siti Nurhasanah, S.Pd, pikeun leuwih lancarna éta kagiatan ieu teu leupas
tina peran serta orang tua siswa.
Lain halna ceuk Wakil Rois PW NU
Jawa Barat, K.H. Dr. Abun Bunyamin, M.A. nalika dihubungi ngalewatan ponselna, nyebutkeun
acara Gebyar Kreasi Seni Siswa SD Plus Al-Muhajirin Purwakarta, ieu ngarupakeun
wujud nyata para siswa-siswi nu can masih terkontaminasi ku mekarna teknologi. “Justru,
barudak ngiringan lomba éta bisa kasalurkeun daya imajinasina ngalewan lomba
ieu, pokna Rois Syuriyah PCNU Purwakarta Pa Kiyai nenehna nu biasa disebut.
Keterangan poto: Wahib di rencangan perwakilan guru di stan bazzar Gebyar Kreasi Seni Siswa SD Plus Al-Muhajirin Purwakarta.*
Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku
Warta Sunda Onliné, yén kagiatan nu saperti kitu téh lomba “Paduan Suara”, nu
pamilonna ti kulawedet Al-Muhajirin sa-tatar Purwakarta. Kajaba ti éta,
kagiatanna ogé aya Bazzar nu dikoordinir ku Wahib widang Iformasi Al-Muhajirin.
Malahan guru-guruna nepika nyieun kaolahan kuéh nu diaranan kuéh RoSan nu
singketan tina Roti
(Berkah) Santri Al-Muhajirin. Lian ti éta ogé hasil tina bazzar ieu téh
disisihkeun keur donasi bencana alam.*** AS.
0 Response to "SD Plus Al-Muhajirin Purwakarta Magelarkeun Gebyar Kreasi Seni Siswa"
Posting Komentar